Ceuk kuring mah meureun

katengesan mah geus aya UU na
nya tangtu geus aya anu pak na pikeun ngurus sual eta
jadi teu pacorok kokod

lamun porno mah can jadi UU na ge
jadi can nyaho urusan saha ?
nya kabeh milu ancrub

ari soal beja na sarua ramena dina tipi
ah da eta mah pagawean wartawan we



On 4/16/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Minggu2 ieu, unggal poe urang nempo dina TV kumaha katelengesan
ditempokeun dina layar kaca. Enya, katelengesan di sakola IPDN/STPDN.
Sanajan ieu video pribadi jeung kajadianana geus lila, tapi tetep we
karasa "vulgar" jeung matak nyigeung rasa kamanusaan.

Tapi anehna, teu aya tindakan ka pelaku katelengesan ieu, padahal
jelas katempo dina TV. Masyarakat oge teu protes, teu aya nu demo
supaya para pelaku ieu kudu ditewak. Pulisi cicing, kaum ulama
jempe ....masyarakat oge sami mawon. Tayangan ieu "bebas
merdeka" ...nonghol di unggal imah.

Ieu beda jeung kasus nu dianggap Porno. Bujur muter nonghol dina TV
wae geus jadi ribut, nu boga bujur kudu ditewak jeung "diisolasi",
padahal bujur-bujurna sorangan, teu ngarugikeun bujur batur.

Ceuk kuring mah, ieu tandana yen di urang toleransi kana katelengesan
jauh leuwih gede tinimbang kana kapornoan. Porno bisa nyababkeun era
saumur-umur, kusabab kitu teu meunang ditempokeun sanajan saeutik oge.
Tapi katelengesan .....malah dianggap kagagahan (kejantanan) .... nu
wajar we jadi "tayangan menarik" dina TV.

Porno bin maksiat dibasmi, tapi katelengesan???

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke