haaaarrrrrrrrr.......bari olohok....
na ari kang ndoell...ngadongeng teh teu puguh.........
bari gagaro teu ateul.........(heu heu heu..ala kusnet...seuri na..)
ceu leli
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Jay..."
"euy!"
"Aya nu maot"
"Innalillahi, saha ?"
"Teuing.."
"Teuing teh saha?"
"Teuing atuh, nya dewek ge teu apaaaal...."
"Ari eta geuning apal mun maot"
"Eta we ceuk beja"
"Beja teh saha deui wae ?"
"Beja teh cenah.."
"Owh, cenah. Cenah teh urang dayeuh tea ?"
"Eta mah Ceu Nah atuh.."
"Ari bieu ? geuning ceuk Cenah.."
"Heueuh, aya beja ceuk cenah jeung baruk, aya nu maot.."
"Dimana ?"
"Di kuburan, tadi ngaliwat"
"Naon anehna jalma maot ?"
"Lain aneh, dewek mah ngabejaan ka maneh.."
"Maksudna kumaha ? Supaya uing mun kumaha dibejaan teh ? Cik ?"
"Ih, naaaa ari maneh, diajak nyarita teh bet piambekeun wae.."
"Atuda manehna oge, nyaritana teu puguh"
"Teu puguh kumaha, sakitu puguhna..."
"Puguh ge teu puguh .."
"Meugeus ah..."
"Ke....ke...cik dongengkeun ateuh.."
"Embung.."
"Naha ?"
"Teu naha-naha.."
"Nya ari teu naha-naha mah, caritakeun atuh. Mun matak
naha-naha, karek tong dibeja-beja.."
"Da maneh mah diajak ngomong daria teh sok ngulinkeun"
"Haar...saha nu ngulinkeun ?"
"Maneh.."
"Teu ah.."
"Heueuh puguh ge.."
"Ceuk saha ?"
"Ceuk siaaaaa..."
"Tuh nya, da manehna nu gemes ka uing.."
"Kumaha teu gemes atuh, da maneh mah pikasebeleun.."
"Saha teh ?"
"Heueuh maneh"
"Kitu?"
"Enya!"
"Ah maenya ?"
"Heueuh..!"
"Ceuk saha?"
"Ceuk batur !"
"Ah, maenya ?"
"Enya !"
"Ceuk batur nya ?"
"Enya !"
"Naha atuh maneh percaya teuing ka batur ?"
"Da batur mah bener"
"Ceuk saha mun batur bener ?"
"Nya ceuk dewek atuh"
"Ari maneh bener teu, ceuk batur teh ?"
"Teuing..."
"Naha teuing ?"
"Da baturna tara nyarita"
"Naha?"
"Atuh teuing ih !"
"Tanya atuh.."
"Keur naon?"
"Nya tanya we...sugan we maneh ge pikasebeleun.."
"Ah embung.."
"Naha ?"
"Teu naha-naha"
"Ari teu naha-naha mah, naha atuh lain nanya?"
"Meugeus ! gelo siah !"
"haaaaar ... "
-dul-
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.