kang ndoell mah da tara puguh Ceu...

kumaha Dadang ceu ? nuhun atuh pami dagang mah...
abdi ge nanang..
heu heu


-dul-


--- In [email protected], leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> haaaarrrrrrrrr.......bari olohok....
>   na ari kang ndoell...ngadongeng teh teu puguh.........
>    
>    
>   bari gagaro teu ateul.........(heu heu heu..ala kusnet...seuri 
na..)
>    
>   ceu leli
> 
> ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           "Jay..."
> "euy!"
> "Aya nu maot"
> "Innalillahi, saha ?"
> "Teuing.."
> "Teuing teh saha?"
> "Teuing atuh, nya dewek ge teu apaaaal...."
> "Ari eta geuning apal mun maot"
> "Eta we ceuk beja"
> "Beja teh saha deui wae ?"
> "Beja teh cenah.."
> "Owh, cenah. Cenah teh urang dayeuh tea ?"
> "Eta mah Ceu Nah atuh.."
> "Ari bieu ? geuning ceuk Cenah.."
> "Heueuh, aya beja ceuk cenah jeung baruk, aya nu maot.."
> "Dimana ?"
> "Di kuburan, tadi ngaliwat"
> "Naon anehna jalma maot ?"
> "Lain aneh, dewek mah ngabejaan ka maneh.."
> "Maksudna kumaha ? Supaya uing mun kumaha dibejaan teh ? Cik ?"
> "Ih, naaaa ari maneh, diajak nyarita teh bet piambekeun wae.."
> "Atuda manehna oge, nyaritana teu puguh"
> "Teu puguh kumaha, sakitu puguhna..."
> "Puguh ge teu puguh .."
> "Meugeus ah..."
> "Ke....ke...cik dongengkeun ateuh.."
> "Embung.."
> "Naha ?"
> "Teu naha-naha.."
> "Nya ari teu naha-naha mah, caritakeun atuh. Mun matak
> naha-naha, karek tong dibeja-beja.."
> "Da maneh mah diajak ngomong daria teh sok ngulinkeun"
> "Haar...saha nu ngulinkeun ?"
> "Maneh.."
> "Teu ah.."
> "Heueuh puguh ge.."
> "Ceuk saha ?"
> "Ceuk siaaaaa..."
> "Tuh nya, da manehna nu gemes ka uing.."
> "Kumaha teu gemes atuh, da maneh mah pikasebeleun.."
> "Saha teh ?"
> "Heueuh maneh"
> "Kitu?"
> "Enya!"
> "Ah maenya ?"
> "Heueuh..!"
> "Ceuk saha?"
> "Ceuk batur !"
> "Ah, maenya ?"
> "Enya !"
> "Ceuk batur nya ?"
> "Enya !"
> "Naha atuh maneh percaya teuing ka batur ?"
> "Da batur mah bener"
> "Ceuk saha mun batur bener ?"
> "Nya ceuk dewek atuh"
> "Ari maneh bener teu, ceuk batur teh ?"
> "Teuing..."
> "Naha teuing ?"
> "Da baturna tara nyarita"
> "Naha?"
> "Atuh teuing ih !"
> "Tanya atuh.."
> "Keur naon?"
> "Nya tanya we...sugan we maneh ge pikasebeleun.."
> "Ah embung.."
> "Naha ?"
> "Teu naha-naha"
> "Ari teu naha-naha mah, naha atuh lain nanya?"
> "Meugeus ! gelo siah !"
> "haaaaar ... "
> 
> -dul-
> 
> 
> 
>          
> 
>        
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.
>


Kirim email ke