Teorina mah kitu.... gampil pisan ngajukeun teori mah. Tapi dina kanyataanana mah pan hese. Pira ngumpulkeun jelma 50 urang keur Kopdar ge pan hese. loba kaleresan. Ieu kenyataan nu aya.
Enya, Kusnet teh hiji network. Jaringan. kasebutna mah kitu. Jeung kuduna mah kitu. Padahal, potensi-na gede pisan sabenerna mah, ngan acan terstruktur wungkul. Mun enya rek nyieun hiji acara oge, tangtuna memang kudu ngalibat keun pihak-pihak sejen. Tangtos pisan... Da Kusnet mah ngan saukur bisa usul jeung usul wungkul. Da meureun kudu aya kordinator, aya penghubungna, aya panitia jeung sajabana. Cik ... Kumaha mun arusul teh atuh, bari jeung ngacung siap sadia rek ngabantuan ? -dul- --- In [email protected], "K7/P1" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tiasa wae mang ndeoll, asal puguh sadayana hak sareng kawajibanana. da mun > sadayana di tekel lu KUSnet wah moal kabedag, naon margina pan nu lebet di > kusnet mah seuseurna padamel. Tah ningal kana sisi kaunggulan sareng > kalemahn eta kmh solusina. Solusina sapertos nu nembe ku abdi dikintunkeun. > Urang tiasa sasarengan sareng mahasiswana. Panginten, tpi duka ketang aya > solusina anu langkung tegep. > > Pami teu aya nu ngadukung, nya atos bolaykeun > wae...kacape.cape....he....he....intina mah sih mengoptimalkeun network nu > aya di KUSnet. Panginteeeennn.....he....he... > > On 4/17/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Saleresna mah tiasa wae diayakeun kagiatan anu serieus. > > Kusnet ngayakeun hiji even, gawe bareng jeung institusi > > sejen, Unpad, UPI, Dispudbar atawa Penerbit buku misalna. > > Ngayakeun Seminar, Pagelaran Seni, atawa Pasanggiri naon lah. > > Tah, HBH diayakeun dina salah sapuluh acara eta. > > > > Tapi, > > Apan kudu aya sumber daya, sumber dana jeung sajabana. > > Tangtuna, sagala ge butuh persiapan. Kusnet siap teu ? > > Aya nu bade ngabantuan ? cik.... > > > > -Dul- > >

