Puguh, nu ku kuring ditembrakeun ge kanyataan nu aya Kang. Mun urang rek boga pamaksudan, rek aya paniatan, teu cukup ku nyarita wungkul. Komo ngalibatkeun jelma loba. kudu cukup jelma oge, kudu cukup dana. Jeung gawe anu nyata ... Kitu pan ? Meureun Kang Runa ge geus boga pangalaman kana hal eta mah. geus loba kagiatan anu diluluguan ku Kang Runa, beres roes.
Kang Runa anu ulah sensitif... jolang-jolang der dibabawa, ka beurat-beurat. Naha da kuring mah keur teu ngomongkeun Kang Runa pribadi atawa babaturan atawa tatangga Kang Runa, kuring mah keur nyaritakeun secara umum kaayaan di Kusnet. Percaya pisan ka Kang Runa mah, loyalitasna ka Kusnet, Idealisme jeung sajabana, Teu diragukeun ku kuring. Tapi nya kitu, balik deui kana kaayaan jeung kanyataan nu aya, hayang ngamajukeun Kusnet teh hese. tanya...naha ? -dul- --- In [email protected], "K7/P1" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kade kang ulang sensitif. mung abdi mah ngebrehkeun yen naha teu ngaliringan > kopdar teh, pan nu sanes oge atuh gaduh kasibukan masing-masing, pami nuju > rineh oge aya niat ngiring tangtos ngaliring. > > conton, pamana ngadadak si A gering moal enya maksakeun kedah ngiring > ririungan, anu padahal matak nyangsarakeun balarea wungkul mun ujug2 mayahan > geringna. > > Kade kang lain Kopdar teh teu penting. > > Kasibukan mah aya, ngan meureun kopdar leuwih penting daripada kasibukan nu > sejena. Cucieun ngahunyud dina jolang,,,eta pan aya pagaweaneun, tp meureun > masih bisa ditunda, mending miluan kopdar heula karek ngagusek nyeuseuh. Eta > ceuk si A, pan bisa beda ari ceuk si B mah daripada kopdar ah mending > nyeuseuh, pan bisa kitu oge. > > On 4/17/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Owh.. > > mun kitu mah, nu sok Kopdar teh berarti > > anu nu teu gaduh kasibukan atuh nya ? > > ni karunya... > > > > -dul- > >

