Hatur nuhun informasina kang asep.
Eta we abdi mah mudah-mudahan akses internet bisa luewih murah unlimit
deui. Asana mah Menkominfo geus janji rek ngamurahkeun akses internet
ieu minimal sarua jeung singapur jeung malaya anu cenah mah mung 200
rebu / bulan unlimit sugan diurang mah bisa 50 rebu he he.....sugan
eta ogenya.

Punten loba cenahna
Baktos
ERN

--- In [email protected], Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
>
>       Punten nganggo basa loma,
> 
> Dina raraga palaksanaan good governance, saban aturan anu
dikaluarkeun pamaréntah kudu dijieun babarengan jeung pihak swasta
sarta masarakat sipil madani. Salah sahiji aturan anu keur disusun ku
pamaréntah nyaéta  "Peraturan Menkominfo tentang Standar Wajib Kinerja
Operasi Penyelenggaraan  Jaringan dan Jasa Telepon Bergerak Seluler".
Baraya sabagé bagian tina masarakat sipil, lamun hayang ulubiung méré
tanggapan kana draft aturan kasebut sumangga baca dina:
http://www.postel.go.id/update/id/baca_info.asp?id_info=633
>  
>     Beurang ieu  ogé geus dilaksanakeun rapat jeung para operator
jasa fixed telephone pikeun nyusun aturan sarupa keur jasa teleponi
dasar lokal, SLJJ, sarta SLI. Hanjakalna wawakil PT Telkom anu
dipikaharep datang, euweuh anu hadir. PT Telkom arék dipénta
tanggapanna sacara tertulis. Dina waktu deukeut hasil pambahasan ieu
bakal diupload dina website sarupa pikeun ménta tanggapan ti balaréa.
Insya allah, bakal nyusul oge aturan-aturan "quality of service"
pikeun layanan telekomunikasi lianna saperti Internet Broadband,
Internet Dial Up, jeung sajabana.
>     Salamna,
>   Pun Asep
> 
>        
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.
>


Kirim email ke