Huwahahahaha.... Ngeunah seuri euy...
Hatur nuhun kang Keom...

Tengyu...tengyu...tengyu... Sailen plisss...

-Bohay-

On 18/04/07, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   *TUTUKULEUN*

Wayahna kudu rido disebut katro mun kiwari teu apal tutukuleun. Tuh nya
pan katro, lain tutukuleun atuh ari jalma kurang gaul mah tapi kuuleun. Komo
dihartikeun leungeun karadak lantaran kerep nyekel doran pacul mah, leuwih
katro. Nu kitu mah sasangaleun. Jadi naon atuh ari tutukuleun teh?  Nu sok
pirajineun nongton opat mata pasti apal ka sosok tukul arwana, tina biwirna
anu beda tibatur remen pisan kaluar kecap kecap saperti "ndeso, katro, back
to laptop, silent please, kristalisasi keringat, tak sobek sobek mulutmu
jeung puas...puas...puas". Di kahirupan sapopoe kecap kecap eta tereh pisan
sumebarna tur jadi bumbu heureuy lamun keur ngobrol. Kabiasaan ngucapkeun
anu sok diucapkeun ku tukul arwana dina acara opat mata, leuwih pas disebut
tutukuleun.

Kiwari lamun aya jalma ngomong basa inggris teu puguh alang ujurna tur
dititah ngucapkeun kecap anu tas diucapkeunana kalahka rungah ringeuh, geus
teu salah deui pasti eta jalma teh keur kajangkit tutukuleun. Salian ti
eta, geura urang tataan  hiji hiji saha saha wae nu keur kajangkit
tutukuleun teh. Si midun budak angon pasir cineom, lamun embena sing berele
hayang nyatu cukup nyorowok " silen plis, silen plis!" sapada harita sungut
embe jempe. Kitu deui basa jang lahem keur indehoy jeung euis rancunit
wanci tengah poe ereng ereng, jang lahem ujug ujug nunjuk kana kelek euis
rancunit bari pok ngomong "Nyi kunaon eta kelek meuni rametek kitu?" dijawab
ku si euis bari serengeh "Ih katro siakang mah, eta mah kristalisasi
keringat atuh!" Nu leuwih parna anu katerap tutukuleun teh nyaeta anu remen
ngucapkeun back to laptop, lila lila mah bisa katerap laptopirosis setadium
lima, hiji panyakit anu tanda tandana euweuh kaera hayang dipangmeulikeun
laptop. Salain tanda tanda eta panyakit laptopirosis ieu boga tanda tanda
husus kayaning mun kiih sok sing geregel karasana nyerina pisan. Har bet
sarua jeung jengkoleun geuning!  Nyaeta atuh, pan mun dahar jengkol loba
teuing ge sok disebut jengkoleun, kitu deui lamun murak semur laptop loba
teuing atawa goreng kekebna, pasti bakal laptopeun nya basa katrona mah
laptopirosis tea.

Urang sunda sok tutukuleun, kitu deui si tukul sok susundaeun. Buktina
basa dina salahsahiji episodna kecap back to laptop anu kerep diucapkeun
diganti jadi "Balik deui ka laptop!" ngan ngecapkeunana kurang acep,
lantaran teu make aksen logat sunda. Kitu deui kungsi ngondang bintang tamu
anu aya sari sari kasundaan nyaeta ma' erot. Ngan hanjakal waktu harita
tukul arwana teu cipika cipiki jeung ma' erot da meureun hariwangeun, mun
pipina jeung biwirna nempel jeung pipi ma' erot hariwangeun biwirna atawa
pipina, ngagedean tur manjangan.  Mun nu kabitaan mah pasti kabita, gawena
ngan ukur cipika cipiki jeung artis herang mencrang tapi gajihna mangpuluh
puluh juta sa episod-na. Heup ah ulah ngomongkeun panghasilanana bisi
kadengeeun ku nu boga panyakit mala-nyandung pasti bakal karugrag.

Anu can katerap ka masarakat polah tutukuleun teh nyaeta sipat jujur
kadiri sorangan sumawona ka batur tur daek jadi bahan ledekan batur. Coba
mun sipat ieu nular ka para koruptor meureun mana teuing ngaleutakna, loba
para koruptor ngaraku sorangan tur daek jadi bahan ledekan balarea. Mun tea
mah aya meureun omongan koruptor teh kawas kieu. "Lur...bisi teu nyaho,
harta dewek anu balatak teh swer euy...meunang korupsi! Sanajan harta dewek
balatak tetep we dewek teh teu tibra sare euy! mana ieu burut saban bulan
purnama ngagedean,kawalat euy! Puas.....puas....puas! Awas mun teu nyerengeh
tak sobek sobek mulutmu!"

Ceuk basa tutukuleun mah cenah ieu mah ngan ukur just kidding, just for
laugh, just jedding jeung just hujan!

Batawi,14 rabiul awal 1428h
syam ridwan
katro bin kuuleun


Kirim email ke