Nurutkeun Kang Nanang, kampiun HBH Kusnet salila ieu, ikhwan Kusnet nu datang 
ka unggal HBH teh teu kurang ti 300 urang. Demi waragadna, ceuk Kang Nanang 
keneh, bisa nepi ka Rp 22 yuta. Alatan aya beaya unak-anik, nu teu diasupkeun 
kana pembukuan, taksiran kuring, biaya HBH nu sabenerna antara Rp 25 nepi ka Rp 
27,5 yuta. Jumlah eta teh di luar pengeluaran sewang-sewangan pamilon. Mun tiap 
pamilon ngaluarkeun bengsin atawa ongkos nepi ka Rp 100.000 sajalma, duit nu 
muter dina hiji HBH teh sabenerna leuwih ti Rp 50 yuta. Ditambah meuli 
oleh-oleh mah, atawa ongkos jeung akomodasi Apih Sidik ti Korea, bisa-bisa 
beaya HBH teh nepi ka Rp 100 yuta.
  Perkara pamilon, di luar beda udagan jeung ambahannana, kuring bisa sare 
(leuwih) tibra atawa leuwih remen ngalongokan milis mun tiap seminar nu 
diayakeun ku kuring sabatur-batur bisa nyedot pamilon nepi ka 50 jalma! Perkara 
duit nu muter, modal muka kios roko sagala aya atawa kios pulsa di kota 
kabupaten di Jawa Barat, umumna Rp 15 yuta nepi ka Rp 75 yuta. 
  Nyabit-nyabit perkara beaya jeung modal kios pulsa teh lain rek nitah nyidem 
heula HBH, ambeh duitna bisa digolangkeun heula ka dinya. (Sanajan, mun 
dianggap leuwih alus, taya salahna). Tapi, hayang ngajak ka kumna nu maca ieu 
pangacaprukan pikeun mikirkeun ieu: Kumaha mun Apih Sidik, nu salila ieu 
nangkes waragad tuang jeung kulem kumna pamilon HBH, ujug-ujug pundung? Teu 
kersaeun deui nangkes pangaluaran poko HBH? Atawa, di mana teu kitu ge -- si 
Apih pengkuh salaku donator forever -- naha “sehat” kaayaan siga kitu teh? 
Pantes heunteu urang gumantung (atawa neumbleuhkeun pisan) ka hiji inohong? 
(Malah, beh dituna, pantes heunteu urang ngahuripkeun tradisi “kainohongan” 
eta? Utamana nu siga salila ieu lumangsung?).
  Matak, dina raraga eta, basa rapat di bumi Teh Imas kamari -- lian ti 
nyaluyuan ide ngabiasakeun udunan -- kuring ngusulkeun: Obah pola HBH teh. 
Malah, keur negeskeun obahna pola eta, ganti ngaranna. Tong HBH. Tapi, Aksi 
Sosial Kusnet atawa naon bae nu (intina) meupeuskeun sikep introvet, anteng 
sorangan, ego sentris, jeung ekslusif nu jadi wanda urang salila ieu – luyu 
jeung angen-angen atawa udagan Kusnet sorangan. 
  Ku cara ngarobah ngaran eta, misalna jadi Malam Seni dan Ekonomi Sunda di 
Ciwidey, lain bae niat silaturahmi papada urang bisa kacumponan -- pon perkara 
ngasah kualitas SDM tadi. Tapi, ku sawangan, oge bisa ngalibatkeun pihak lian 
-- di luar lingkungan Kusnet. Dina hal ieu, kalangan industri jeung bisnis. 
Leuwih ti kitu, ku cara ngalibatkeun pihak luar, naha ku modus gawe bareng 
atawa sponsorship, sabagean beaya bisa ditanggel ku maranehna. Paling heunteu 
keur pintonan kasenian jeung duit kadeudeuh. Urang tinggal mikirkeun kumaha 
nangkeus dahar jeung tempat sare. Isu tradisi, buku (pendidikan), kapadulian, 
oge jumlah pamilon atawa anggota Kusnet pisan, bisa dijual.
  Kukituna, pakait jeung isu buku tadi, leuwih payus mun ieu kagiatan 
disinergikeun jeung kagiatan nu oge aya di lingkungan Kusnet : Pabukon. Kunaon, 
misalna, lian ti nyumbang duit atawa papakean jeung mintonkeun kasenian, aksi 
sosial eta teu dieusian oge ku acara muka pabukon anyar atawa mere buku keur 
pabukon nu geus aya di wewengkon eta atawa di sabudeureun wewengkon eta? Ku 
cara kieu, lian ti nyieun network jeung pihak luar, core Kusnet oge leuwih 
dikuatan -- mun tea mah pabukon rek dianggap kagiatan utama atawa core Kusnet. 
  Malah, dina pamanggih kuring: Mere duit kadeudeuh ge aya alusna ditingali 
deui. Lain ulah. Tapi, dimana arek ge tong sentimental siga umumna urang salila 
ieu: Deui-deui ka seniman atawa nu pakait jeung kasenian. Kabudayaan atawa 
kahirupan teh diheureutan ukur jadi perkara kasenian. Padahal, pan kabudayaan 
teh lega? Lain ukur kasenian? Leuwih ti kitu, sigana, perkara kasenian mah 
bagean pihak lian bae – nu geus leuwih ti heula marilih widang nu leuwih 
heureut: Kasenian tea. Eta mah bagean para “budayawan” jeung “seniman”. Urang 
mah milih nu lain bae. Atawa, luyukeun jeung core nu ku urang dipilih.
  Tah, pakait jeung nguatan core eta, misalna, naha teu leuwih hade eta duit 
teh diajangkeun keur jalma-jalma nu aya pakaitna jeung buku atawa pabukon? 
Misalna, keur ngamodalan atawa nambah modal tukang-tukang kitab nu teuneung 
apruk-aprukan ti hiji lembur ka lembur lianna – bari ngagegembol gembolan 
kitab. Atawa, keur ajengan nu ngarang kitab-kitab agama ku...Basa Sunda! Atawa, 
keur percetakan nu keukeuh medalkeun tarjamahan Yasin ku Basa Sunda. Atawa, 
sakalian, keur nandeskeun wanda Kusnet nu pakait jeung internet atawa dunya 
digital, eta kadeudeuh teh diajangkeun ka pakar-pakar komputer atawa pendidikan 
nu hideng naratas ngadokumentasikeun kabudayaan Sunda dina wanda digital. 
Sangkan leuwih karasa mangpaatna ku nu narima, eta duit teh tong dicewir-cewir. 
Puseurkeun bae ka hiji jalma.
  Kituna teh, perkara aksi sosial jeung pabukon tadi, bari tarapti sagala 
rupana. Ti mimiti milih tempat (maca kabutuhan urang dinya atawa kabutuhan nu 
rek dibere kadeudeuh) oge lakuninglajuna. Ulah siga program pabukon nu katangen 
salila ieu: Asal muka, bari teu nyaho kumaha kadituna.
  Kumaha jeung saha nu netepkeun yen hiji tempat butuh pabukon atawa hiji jalma 
pantes dibere kadeudeuh? Perkara tempat pabukon, teu beda jeung tempat aksi 
sosial: Ieu jadi tanggungjawab panitia. Sanajan, info mimitina bisa bae ti 
anggota Kusnet. Tapi, nya panitia nu kudu ngalakukeun verifikasi yen eta tempat 
memang butuh pabukon atawa bisa jadi tempat aksi sosial. Kituna teh tegeskeun 
heula ugeran jeung mekanismena ngeunaan pabukon ieu, nu salah sahiji 
udagannana: Tong nepi ka kaheman eta ngan ngamumule kagumantungan urang lembur 
ka urang atawa ka pihak lianna. Atawa ukur ngawurkeun uyah ka laut. Tegeskeun, 
yen buku-buku nu ku urang dibikeun teh ukur starter (stimulan), kadituna eta 
pabukon kudu bisa ngahirupan dirina sorangan. Tegeskeun oge, yen eta pabukon 
lain rek ngoleksi buku atawa ukur nitah maca. Tapi, jadi pusat kabudayaan 
(pengembangan masyarakat) dina raraga “ngahudangkeun Sunda” (baca: migeykeun 
SDM Sunda).
  Perkara jalma atawa inohong nu rek dileler penghargaan, lian ti anggota 
Kusnet kumna nu bisa ngusulkeun, putusan serahkeun ka hiji forum nu sakaligus 
bisa nandeskeun atawa ngamangpaatkeun kakuatan networking urang, bari nambah 
bobot atawa obyektifitas kagiatan/pilihan: MUI, universitas, wartawan/media 
massa, organisasi guru/organisasi profesi, jste – lian ti urang Kusnet 
sorangan. 
  Ku cara kitu, lain bae perkara ekslusifitas Kusnet bisa peupeus. Tapi, “Urang 
Sunda Hudang, Euy!” oge leuwih natrat dina kagiatan nu aya di lingkungan Kusnet 
atawa nu diayakeun ku Kusnet.
   
  Serang, bada subuh, 16 April 2007.



Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke