Leres kitu pisan maksad sim abdi salaku (upami diarangkeun) proklamator 
republik HBH Kusnet (nurutan mang J.), ngawanohkeun anu teu acan wawuh, 
ngaraketkeun anu tos warawuh. 
  Paripaos upami tos papada wawuh, papada raraket mah, siling tulungan, siling
  nyuhunkeun tulung oge asana moal sesah-sesah teuing, nya kitu deui diajak itu 
diajak 
  ieu asal kahartoseun mah asana moal talangke, da tos papada kenal sareng 
jinisna.
   
   
  Pihatur,
  ssw
  

Maman Gantra [EMAIL PROTECTED]
            Ngeunaan HBH
  
  Lian ti kopdar, kongres, jeung pabukon, salah sahiji “produk unggulan” Kusnet 
 nyaeta HBH – halal bil halal. Mun teu salah, ti mimiti ngadegna Kusnet, ieu 
produk teh tiap taun tara  poho “dilaunching” atawa “diproduksi” -- 
dilaksanakeun. 
  Di antara sawatara HBH nu kungsi diiluan, keur kuring -- persisna mah keur 
maksud pangacaprukan ieu -- HBH Cibatu nu pangalusna. Tempatna di pasantren, 
hiji “ruang publik” atawa malah hiji pusat kabudayaan atawa pusat pengembangan 
masyarakat pisan. Kituna teh, pasantren nu dipilihna lain bae pasantren nu 
kawentar, tapi oge aya di pilemburan – teu nyengceling atawa aya di tengah kota 
pisan. Leuwih ti kitu, acarana kawilang reumbeuy: Lian ti aya acara kasenian 
jeung parasmanan, dibarungan ku bakti sosial mangrupa sidqoh papakean jeung 
duit – keur urang lembur jeung seniman-seniman nu mercayakeun hirupna kana 
kasenian nu dianggap buhun atawa geus loba nu teu nolih deui.
  Kakurangannana, perkara bakti sosial eta -- alatan waktu jeung rarancang 
(perencanaan atawa, malah, gayana mah konsepna pisan) – katingalna kurang 
kagarap. Dina harti, masih nandeuskeun kumaha satemenna urang resep ngahuma, 
anteng sorangan papada urang, atawa malah tikelebuh kana padu rame atawa 
seseremonian jeung citra (wungkul). Sirikna, geus ngarasa cukup mun kagiatan 
urang geus diwartakeun dina koran atawa disorot kamera teve. Maksud kuring: 
Kunaon acara kasenian nu aya, boh nu beurang boh nu peuting, teu dirancang 
jeung diajangkeun keur lingkungan nu leuwih lega? Dina hal ieu (oge) keur kumna 
urang Keresek – teu ekslusif, ngan keur urang Kusnet wungkul. Nepi ka bakti 
sosial tadi lain bae mangrupa mere papakean jeung duit. Tapi, oge diembohan ku 
hiburan atawa pintonan kasenian. (Perkara longserna rehe, eta mah lain soal).
  Bener, udagan poko HBH taya lian ti silaturahmi sasama wargi Kusnet. Tapi, 
nya ieu satemenna nu jadi mataholang pangacaprukan kuring ieu: Salila ieu, 
satemenna, urang asyik papada urang sorangan. Sundek, introvet atawa ego 
sentris pisan. Di mana teu kitu ge, urang kurang bisa ngaropea hiji kagiatan 
kalayan optimal, nu bisa ngaguar jeung ngaropea udagan nu leuwih jero, nu 
leuwih jembar jeung strategis – bari subtantif.
  Bisi lieur, saencan ngacapruk leuwih jauh, idinan heula kuring negeskeun deui 
posisi kuring pakait jeung Kusnet: Keur kuring, taya bedana jeung maksud  nu 
aya dina jargon-jargon nu nyampak di ieu milis – ti mimiti “Urang Sunda Hudang, 
Euy!” nepi ka “Halik ku Aing” (Poma ulah dikosewadkeun jadi “Paaing-aing”, komo 
“Kumaha aing” mah) -- Kusnet lain sakadar tempat ngawangkong. Tapi, hiji media 
konsolidasi urang Sunda (nu jadi anggota Kusnet) dina raraga nyanghareupan 
pasoalan nu disanghareupan sarerea. Ti mimiti perkara basa jeung kasenian 
Sunda, nepi ka pasoalan sosial, ekonomi, politik, hukum, lingkungan, jeung 
sajabana. Mun diudag leuwih jero,  eta sakabeh pasoalan teh museur dina hiji 
perkara: Kualitas (visi jeung kapercekaan) SDM Sunda dina ngokolakeun hiji 
kagiatan (boh mangrupa disiplin elmu atawa nu naon disebut profesi). 
  Logikana: Mun SDM Sunda “unggul” dina widang politik, misalna, urang moal 
luhlah soal anggota DPRD nu umumna lain “pituin” Sunda. Mun urang Sunda perceka 
dina perkara lingkungan jeung teknologi, urang moal rumahuh ngeunaan sawah nu 
arucutan jadi real estate atawa kawasan industri. Mun urang tapis dina ekonomi, 
urang moal ngacapruk ngeunaan kios-kios di pasar nu dieusian ku urang peuntas. 
Moal ngirung mun sakalina ngobrol perkara pendidikan, moal jamotrot mun 
sakalina aya nu ngomong rada beda ti urang, jste.
  Kukituna, logis pisan mun sagala kagiatan nu aya di lingkungan Kusnet teh 
intina mah migeykeun SDM Sunda, dina hal ieu nya SDM nu aya di lingkungan 
Kusnet sorangan. (Kukituna deui, pilihan MJ jeung Ua Sas milih ngaran Perceka 
keur ngaran yayasan nu diaaradegkeunnana, sabenerna mah geus pas. Tinggal...). 
Tapi, naon hubungannana jeung HBH?
  Teges pisan: HBH taya lian ti media atawa wadah pikeun ngasah kapercekaan SDM 
Kusnet dina ngokolakeun hiji kagiatan. Lain ukur wadah silaturahim – sanajan 
ieu oge ulah nepi ka kapopohokeun. Keur kuring, mun kagiatan HBH ieu dilakonan 
kalawan tigin, teu pamohalan alumni-alumnina bisa ngadegkeun usaha manajemen 
kagiatan atawa EO – mun daek. Kari ngobah skala jeung ambahannana. Sabab, naon 
nu dilakonananna taya bedana jeung EO. Mikirkeun kadaharan naon nu rek 
diasongkeun, saha nu nyieunna, pintonan naon bae nu rek dipidangkeun, sabaraha 
beayana, kumaha karulemna, kumaha mun aya nu ngadadak rieut atawa nyeri huntu, 
mun butuh tenda, tenda kumaha nu kuat, pantes, jeung ekonomis, kumaha mun aya 
tamu dadakan nu teu mere konfirmasi heula, jste. Kituna teh, jelema (jeung 
waragad) nu dikokolakeun dina HBH teh lain saeutik.

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441

      Recent Activity
    
      14
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Got Yodel?
  Best Yahoo! Yodel
  Give us your best
  yodel and win!

    Y! Messenger
  Send pics quick
  Share photos while
  you IM friends.

    Yahoo! Photos
  Upload Now!
  First 20
  prints are free



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke