Kahatur kang Maman Gantra sareng kang Jamal, Tadina mah kahoyong teh ngeusi kencleng rerencepan, supados henteu muncul ujub riya takabur sanaos jumlahna henteu ageung. Dina email ka kang Jamal, sawatara kapengker, sim kuring neda supados sumbangan ti pun bojo (nami Rinaningsih) ditulis wae sumbangan ti Hamba Allah. Nya upami kanggo kaperyogian tertib administrasi sareng pertanggungjawaban Yayasan sapertos didugikeun ku kang Maman, oge supados henteu nimbulkeun hal-hal sanes, sim kuring bade nga-info-keun sakedik: Dina dinten Senen ping 5 Maret 2007, pun bojon, nami Rinaningsih, parantos ngirim sodakoh saageung Rp. 500.001 ngalangkungan ATM BNI KLN Citra Grand (Bekasi) ka ekening BNI kang Jamal. (Angka 1 sanes kanggo heureuy tapi supados gampil dina verifikasi). Tapi dina laporan keuangan sasih Maret anu katampi, dina bulan Maret 2007, dilaporkeun (dina kolom ASUP) ditampi Rp. 500.000 ti Duka Saha. Upami eta teh sumbangan ti pun bojo, panginten aya kirang sarupia. Sasih ieu Insya Allah dinten ieu atanapi Saptu, pun bojo bade nyumbang Rp. 499.999,-. Salamna, Pun Asep
[email protected] wrote: Baraya! Ngamajukeun urang Sunda teh, tangtuna teu cukup ku carita. Tapi, mibutuh tanaga, dana, jeung lengkah nyata. Tah, perkara dana, tong asa-asa... Kintunkeun bae sodakoh atanapi infak saderek teh ka Kencleng Perceka. Di mana persisna? Nya rekening-rekening di handap ieu. BNI ITB Bandung Atas nami: Jamaludin, No. rek: 002 808 6964 BCA DAGO Bandung Atas nami: Jamaludin No rek: 777.0265.473 Sok tong asa-asa. Ngan omat... Mun eunggeus ngirim sodakoh, lapor ka [EMAIL PROTECTED] Lain nanaon, supaya dicatet jeung dilaporkeun ka kumna baraya Kusnet. Ambeh tertib administrasina! Pan diheunteu-heunteu oge eta teh dana titipan. Nu kudu puguh tanggungjawabna. Sak ah, diarantos. Jeung ulah kaget mun ieu bewara mucunghul tiap bulan. Lain nanaon. Bisi aya nu poho atawa api-api poho. Atawa era. Pan ari keur sodakoh mah urang teh sok rada era prakna, lin? Maman Gantra --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

