Waalaikumsalam Wr. Wb.
Haturan Kang Im, Kang Yani, kang Gunawan akang-akang anu sanesna kum wae
sadayana......kumaha daramanng..?, nuhun daramang mah...
Nembe ngelol deui yeuh ka lembur bakus teh, sanes kirang sono ,manawi sim
kuring nuju pakeupuk ku "UN" tea....mani pak-pik-pek hajat UN teh.., jika
anu enya.....tapi lumayan aya perobihan.
Tos dikawitan padungdeng HBH, sim kuring sapagodos sareng pamendak kang
Yani sareng kang Im, ide kang Yani mangga geura dikawitan, sangkan HBH teh
aya hasilna.
Si teteh ge boga usul, kumaha upami HBH teh, urang bari pelesiran ka
tempat-tempat sajarah kasundaan sanes sabudereun jawa barat aya
sajarahna..?
HBH teh ulah ukur acara seremonial, bari jeung hasilna naon..? sajabi
pelesiran teh urang bari ngabagikeun sembako tea, atanapi babagi naon wae
anu manfaat keur masarakat miskin janten idena kang Im kacancak ka hayang si
teteh kalakon.....he he, sok geura resep, si teteh jauh-jauh ge rek
ngahajakeun ngiring, kitu tah.....baraya.
Sakitu heula, mangga....
baktos
ipeut
*kang boim <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
Assalamu'alaikum wr, wb.
geuning rame nya soal HBH teh...hehehe...
pamendak sim abdi keur sementawis acara HBH urang lakonan sakumaha mistina
wae sakuma anu geus dilakukeun samemehna bari aya paningkatan boh dina acara
atawa dina kagiatanana anu sakirana kadada jeung kaduga ku urang sarerea. da
diheunteu-heunteu oge urang teh pan kaiket ku pagawean sapopoe nu penting
dina prungna kudu sauyunan silih bantu sangkan naon-naon nu jadi udagan dina
HBH laksana pan intina silaturahmi jeung papada baraya nu salila ieu ukur
panggih di alam maya.
Soal gawe bareng jeung pihak UNPAD (kang Ganjar) lain sim kuring teu
satuju tapi dina hal ieu sim kuring boga pamikirian keur saayeunaeun mah
sigana can bisa kalaksanakeun.
naon sababna...?
Sakumaha anu urang sakabeh pada terang pan kang Ganjar teh bulan
nyangking kalungguhan jadi rektor Unpad na teh can lila bisa karek
sapanyepahan ceuk paribasana mah, keun saheulaaneun mah ulah waka diganggu
sina ngalaksanakeun heula nu jadi programna, lamun sakira geus nyukupan
waktuna kakara urang bisa ngabadamikeun kira-kirana naon anu bakal digarap
dina gawe bareng Kusnet jeung Unpad dina migeuykeun ki Sunda, naha diskusi
panel atawa nu liana jeung sabisa-bisa mah waktuna ulah bareng jeung HBH
sangkan fokus jeung puguh udaganana....
dina HBH nu bakal datang sim kuring insya Allah aya rencana hayang
ngayakeun baksos sakumaha anu dilakasanakeun basa HBH di Cibatu Garut tapi
sistem atawa carana beda, nyaeta ku jalan ngabagikeun paket sembako ka
baraya pikeun dulur urang anu sakirana kurang mampu dina segi ekonomi nu aya
di sabudeureun tempat dimana HBH diayakeun dina poe ka duana.
timana dana cenah...? pikeun dana atawa waragadna kumaha lamun dilelang ka
baraya nu aya di kusnet, harga sapaketna misalna 50.000 rupia minimalna
meuli sapaket, maenya wae diantara baraya aya nu teu kersa pan ieu teh salah
sahiji cara pikeun migeuykeun ki Sunda ka masyarakat sanes...?
hal ieu karek mangrupa usulan kitu oge lamun disaluyuan ku sarerea, bisa
wae ditolak atawa diganti ku hal anu liana jeung deuih susunan panitia HBH
na oge can lengkep...hehehe.
Sakitu pamendak sim kuring keur saheulanan mah, ieu maksakeun ka warnet
sabab masih keneh aya nu karasa sabada ngalaman pendarahan akibat tina
dicabut sakadang waos poe kamari...
cag...ah, punten bilih aya lepat tur kirang merenah...nuhun.
"kkbm'69"
On 4/18/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Enya, baheula basa UPI ngayakeun pasanggiri ngadongeng, maca
> pupuh jeung sajabana, kuring lalajo. harita teh jeung Kang Iim,
> Teh Ika, oge Kang Soni. Kungsi ngobrol jeung Pak Ano Karsana,
> oge Pak Tatang (putrana Mang Koko). Jadi apal oge dedeganana
> Wa Kepoh teh.
>
> Nu jadi panitia jeung bunitiana nya mahasiswa. Bener ceuk Kang Runa,
> mahasiswa mah garede gawe-na, daraekan jeung barisaan, kaasup Kang
> Adit. Salian ti ngayakeun pasanggiri, oge aya bazaar buku, dahareun
> oge karajinan sagala rupa.
>
> Atuh bilih peryogi, mangga ka Panitia : Kang Iim + Kang Oni
> saparakanca meredih ka barudak UPI ngalangkungan Kang Adit atanapi
> Neng Anit. Komo kagiatan anu aya pakuat pakait sareng Kasundaan mah.
> pasti kersaeun ngabantuan.
>
> Kang Adit, hatur nuhun sateuacana.
>
> -dul-
> tukangteuing
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, A
> Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > punten, sanes bade ngarewong. pogot pisan padungdengan teh....asa
> ku kataji. kang Runa sareng kang Yani gaduh ideu2 cemerlang.. ceuk
> simkuring lebar pami teu dilaksanakeun mah. gawe bareng sareng
> mahasiswa mangrupa hiji cara pikeun ngungkulan pasualan teknis. Kang
> Doel kapungkur kantos ka UPI, kumaha pami ka UPI deui,,Insya Allah
> ku abdi ditepangkeun sareng nu kinten2 kersa gawe bareng (gawe
> bareng tanaga ...heuheu).
> > wangun sosialisasi Kusnet, pasanggiri, seminar, dugika promosi
> buku sareng HBHna nyalira bawiraos tiasa lumangsung. sugan bae HBH-
> na janten HBH nu langkung HBH batan HBH-HBH nu sanesna,,heuheu....
> >
> > K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > He...he....kmh kang Yani, upami anu janten KORLAP
> (Koordinator Lapanganana) Kang Yani?
> > Sapuk lah abdi mah upami KORLAPna Kang Rawyani teh. Ide2na
> cemerlang.
> >
> > On 4/17/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote: Uapmi nilik tempat sareng panata calagra ti
> Bandung,
> > Insya Allah asana mah tiasa kalaksanakeun. Sareng
> > ceukpangemut sim kuring mah, ieu teh hiji tantangan
> > pikeun kang Bo'im (Iim) saparakanca, kumaha sangkan
> > HBH 2007 beda ti HBH taun-taun tukang.
> >
> > Usulan sim kuring, asana mah teu sesah, ngempelkeun
> > seratan kang Ganjar Kurnia, naha di milis, di media
> > atanapi di Unpad, anu eusina aya pakit sareng
> > Kasundaan. Dikempelkeun, diedit teras didamel buku.
> > Pami peryogi mah sakantenan wae, makalah Kang Ganjar
> > waktos presentasi di payuneun Senat Akademik Unpad,
> > sabage calon rektor Unpad. Pasti kang Ganjar masih
> > nyimpen. Sakantenan ngamasyarakatkeun konsep, visi
> > sareng misi Rektor Unpad. Saha anu ngordinasina?
> > Nya, urang Bandung anu caket ka kang Ganjar. Masih aya
> > 5 bulan deui ka HBH, asana teh cekap kanggo ngadamel
> > buku.
>
> ----------------------------------------------------
>
>
>
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com