Baraya, ieu aya oleh-oleh ti tatanggi sapalih.
   
  Falsafah Buah
    
   Ulah resep pamer ; Siga jagong ulah siga jambu monyet.Jagong nyumputkeun 
sikina anu sakitu lobana tapi jambu monet nembong-nembongkeun siki anu ngan 
hiji-hijina.  
   Satia ka pasangan; siga tangkal cau.Tangkal cau buahan ngan sakali terus 
paeh  
   Inner beauty (naon sundananya, naha geulis hatena kitu); Siga kadu ulah siga 
kadongdong  
   Riksa kahadean sajeroning urang gaul; siga bangkuang, sanajan hirup di jero 
taneuh tetep bae jerona mah bodas bersih.   
   Lalampahan anu adil; jiga ranggeuyan peuteuy ulah jiga ranggeuyan rambutan. 
Peuteuy ngabagi kadaharan anu rata ka masing-masing ese peuteuyna.  
   Jujur ulah munafek; siga buah manggu, eusina bisa ditoong kujalan nempo 
tanda anu aya diluarna.   
   Loba manfaatna; siga buah dada, sajaning mangfaat jadi sumber giji keur 
budak oge bisa jadi alat rekreasi keur bapana budak (he he he he).  
   Hiji deui yeuh nyaeta ulah iri hate; siga buah ....., sanajan baturna mah 
suka bungah dijero, manehna ma sabar caricing bae diluar. 
        (ha ha ha ha) keun bae teu rame oge pokona mah seuri bae bongan siga 
kang Syam teu bisa-bisa gening.
   
  Cag ah,
  WAG 

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke