hatur nuhun kang Asep. muhun kirang taliti mariosna, 500.001. hapunten rupina e-mail eta teu kaaos, duka teu dugi. kamari2 server di pangulinan nuju ngadat, gentos provider.
ka sing saha bae nu bade ngiringan program yayasan perceka (nu tos jalan, ngadamel pabukon komunitas di desa2 tatar sunda, saatos transfer, japri ka [EMAIL PROTECTED] atanapi sms ka 0811245487 kanggo dicatet tea. ayeuna nuju nyicil meseran buku kanggo pabukon ciawi tasikmalaya, tanah air ambu bagja, alias pupi kumincir, sareng kanggo sumedang. teh Roro ngusulkeun ka hiji SD. nembe sakardus ewang. teu acan balanja deui, ke ari salse. ------- Kahatur kang Maman Gantra sareng kang Jamal, Tadina mah kahoyong teh ngeusi kencleng rerencepan, supados henteu muncul ujub riya takabur sanaos jumlahna henteu ageung. Dina email ka kang Jamal, sawatara kapengker, sim kuring neda supados sumbangan ti pun bojo (nami Rinaningsih) ditulis wae sumbangan ti “Hamba Allah”. Nya upami kanggo kaperyogian tertib administrasi sareng pertanggungjawaban Yayasan sapertos didugikeun ku kang Maman, oge supados henteu nimbulkeun hal-hal sanes, sim kuring bade nga-info-keun sakedik: Dina dinten Senen ping 5 Maret 2007, pun bojon, nami Rinaningsih, parantos ngirim sodakoh saageung Rp. 500.001 ngalangkungan ATM BNI KLN Citra Grand (Bekasi) ka ekening BNI kang Jamal. (Angka 1 sanes kanggo heureuy tapi supados gampil dina verifikasi). Tapi dina laporan keuangan sasih Maret anu katampi, dina bulan Maret 2007, dilaporkeun (dina kolom ASUP) ditampi Rp. 500.000 ti “Duka Saha”. Upami eta teh sumbangan ti pun bojo, panginten aya kirang sarupia. Sasih ieu Insya Allah dinten ieu atanapi Saptu, pun bojo bade nyumbang Rp. 499.999,-. Salamna, Pun Asep mj http://geocities.com/mangjamal

