Leres pisan kitu, sapuk.
trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kuring teu panuju kana eta
tulisan.
Ujian Nagara lain keur nangtukeun lulus atawa teu lulus sakola da
kanyataanana leuwih ti 99% murid SMA lalulus, sakumaha gorengna ge hasilna.
Ngan saeutik pisan nu teu lulus. Eta nu teu lulus lain goreng dina haasil UN,
tapi goreng dina kalakuanana, komo kriminal mah, biasana mun kalakuanana goreng
sakaligus bodo. UN leuwih mangpaat keur sakola tibatan keur murid, Keur mecut
sakola jeung guru guruna sangkan kahareup kwalitasna ningkat, bakal kanyahoan
mana sakola nu goreng mana nu alus. UN minangka instrumen keur kontrol standar
pendidikan, mangpaat keur sakola, keur budak. Jeung minangka saringan awal keur
UMPTN. Mun euweuh UN bisa jadi loba sakola nu asal asalan, mere nilai murah,
aralus, ngarah katingalina ku pihak luar (ku calon murid jeung ortu) sakola teh
siga alus padahal butut. UN teu nangtukeun masa depan cerah atawa suram, eta
mah kumaha jelemana. Loba sarjana nganggur, loba oge nu lain sarjana sukses.
Hapunten bilih aya nu kasigeung.
Baktos,
Kang Santosa
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Asup kana bubu... Sakola teh jadi teu
leupas tina 'ngarah lulus ujian'. gara2 'ngarah lulus ujian', barudak sakola
jadi teu cukup ku diajar di sakola, tapi oge kudu ngiluan sabangsaning
bimbingan belajar.
Tapi, kumaha mun kieu... Kusabab dina pamustunganana mah ditangtukeun ku ujian
nasional, barudak jadi teu perlu sakola formal. Diajar di imah ge bisa (mun
bisa). Pas dina waktuna, nya kari ngilu ujian persamaan. Pan kitu kasauran para
pejabat atikan harita ge. Mun teu lulus mah nya kari nyobaan deui ujian
persamaan. Heheh...
Enya, nya. Keur naon atuh ari ujian nasional? Lulus ujian nasional teu ngajamin
bisa lulus umptn atawa yakin bakal meunang pagawean. Nggeus we atuh ujian
nasional teh dihapus bae. Keun sina sakola nu rek nampana nu nyeleksi, nu
ngayakeun ujian. Geus anggeus sakola SLA mah geus we lulus lah, perkara
neruskeun sakola jsb, nya lajuninglakuna mah dipasrahkeun ka nu rek nampa. Mun
hayang ka PTN, nya kudu ngiluan UMPTN, atawa lolos seleksi husus model PMDK.
hayang ka PTS, nya kari ngiluan UMPTS di universitas nu dituju.
Biasana mah nu sok heuras masalah UN teh.... Kang Deny!!! Heuheu...
On 4/19/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote: Nyanggakeun
Editorial Media Indonesia dinten Ieu, soal Ujian
Nasional. Kuring oge sapamikiran jeung editorial ieu, keur naon atuh
ari ujian Nasional? Cenah keur standarisasi. Naha usaha standarisasi
teh kudu ngorbankeun budak disebut lulus jeung teu lulus?
Ujian Nasional yang Menghakimi
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.