Heuheuheu, ieuh . Bisi harayang nyaho. Sabenerna mah UN teh bohong eta the . Da anu sakanyaho uing mah anu ngerjakeun UN teh "tim sukses" nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku kepsek Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna! Uing pernah ngalaporkeun ieu kacurangan, ngahaja indit sorangan ka Jakarta ka Diknas . Ari pek kalah uing dicarekan! Majarkeun uing, akon2!!!! Ngawadul teu mawa data statistik. Majarkeun teh data empiris mah teu bisa dijadikeun bukti dina pangadilan! Uing nepi ka ceurik tah harita di diknas! Taun ayeuna oge, uing mah yakin sakin-yakinna pasti bakal kajadian siga taun kamari. Para guru anu cenah pendidik dan berahlak mulya teh, bakal "ngabantu" (uing mah nyebutna "ngajurumuskeun") murid2na kusagala cara. Ari uing mah rumasa guru teu bener, nepi ka sabulan ieu wae geus dipanggil ku kepsek nepi ka 3 kali. Majar the: "Ari ngawas UN ulah ketat teuing!" Kuring mah ukur bisa ngajawab, da abdi mah ukur ngalaksanakeun tugas sesuai jeung aturan kang!
Sedih, UN uing panuju pisan lamun UN dibubarkeun tong diayakeun deui. Loba madorotna daripada alusna!Ukur ngabohongan murid, guru, kolot murid,ari pamarentah (menteri) mah puguh deui da resep ari aya anu ngawadul teh! Da maranehna tukang ngawadul! Henteu we jiga kang NDUL TUKANG NGORONG! HEUHEUHEUHEUHEUHEU Deny --- In [email protected], "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > bisa kang. bisa diajar di imah. tapi eta ku lalegegna urang indonesia > diganti ngaranna jadi home schooling tea. contona kulawarga seto mulyadi. > pangeusi sora si komo nu kawentar disebut ka seto tea. cenah dua budak > awewena geus teu sakola konvensional. tapi sarakola di imah. nu jadi masalah > naha sakabeh kolot budak geus boga kasanggupan jiga ka seto? tapi ketang nu > ngajarna mah bisa neangan nu lian nya? > > da > > On 4/19/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Asup kana bubu... Sakola teh jadi teu leupas tina 'ngarah lulus ujian'. > > gara2 'ngarah lulus ujian', barudak sakola jadi teu cukup ku diajar di > > sakola, tapi oge kudu ngiluan sabangsaning bimbingan belajar. > > > > Tapi, kumaha mun kieu... Kusabab dina pamustunganana mah ditangtukeun ku > > ujian nasional, barudak jadi teu perlu sakola formal. Diajar di imah ge bisa > > (mun bisa). Pas dina waktuna, nya kari ngilu ujian persamaan. Pan kitu > > kasauran para pejabat atikan harita ge. Mun teu lulus mah nya kari nyobaan > > deui ujian persamaan. Heheh... > > > > Enya, nya. Keur naon atuh ari ujian nasional? Lulus ujian nasional teu > > ngajamin bisa lulus umptn atawa yakin bakal meunang pagawean. Nggeus we atuh > > ujian nasional teh dihapus bae. Keun sina sakola nu rek nampana nu nyeleksi, > > nu ngayakeun ujian. Geus anggeus sakola SLA mah geus we lulus lah, perkara > > neruskeun sakola jsb, nya lajuninglakuna mah dipasrahkeun ka nu rek nampa. > > Mun hayang ka PTN, nya kudu ngiluan UMPTN, atawa lolos seleksi husus model > > PMDK. hayang ka PTS, nya kari ngiluan UMPTS di universitas nu dituju. > > > > Biasana mah nu sok heuras masalah UN teh.... Kang Deny!!! Heuheu... > > > > ___ > > > > > > -- > dh > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: > datiparang.blog.com . deha.wordpress.com >

