> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tah nu jadi panasaran simkuring, naha naon fungsi lalaki dina toke 
> > ustrali nya? geus aya nu nalungtik kitu? mun aya cing 
> pangjaprikeun ka simkuring.

Kang Dudi, kuring nempo dina TV, Toke Australi teh (nu aya di sagara 
keusik) kabehanana BIKANG. Ceuk narator dina tayangan ieu aya 
masalah dina sistim reproduksi model kieu teh, sabab toke jadi 
SARAGAM,  akibatna rentan keuna panyakit.

Lamun teu salah, dina mahluk hirup, sabenerna mah nu kumplit teh 
mahluk hirup jenis BIKANG. BIKANG oge nu nurunkeun salah sahiji 
jenis gen nu terus diwariskeun turun-tumurun. Nu matak dina mapay 
asal-muasal mahluk (kaasup jelema), nu kapapay teh ti garis indung, 
lain ti garis bapa.

Enya, kuring oge bingung lamun engke jaga, sperma bisa dijieun ti 
awewe, sigana fungsi lalaki beuki ngurangan, lila-lila lalaki ukur 
jadi mahluk piaraan ("pet") kaum awewe ....hahahaha

Baktos,
WALUYA






Kirim email ke