Sampurasun..., punten ah- bade ngiring ilubiung........

Aeh aeh...., geuningan dunia pendidikan di Indonesia kiwari teh masih
keneh siga kitu??? euweuh kamajuan atuh ??!!!! Kabeneran Jumaah minggu
anu kaliwat kuring ngobrol jeung babaturan ti keur kuliah, balad urang
tea Den, Susi--, Guru SMA di Sukabumi, curhat anu sarua siga Kang Deny
ieu, Anjeuna oge nyarios yen taun ayeuna mah teu purun/ngundurkeun diri
ngiluan ngawas UN teh....... Harita  Susi teh ngomong kieu ; Ah
meureunan pung, anu kieu teh di Sukabumi wungkul-- sigana di kota-kota
lian mah henteu...... Syukur Pupung mah bisa nyakolakeun budak teh di
luar Indonesia cenah..... (budak kuring 2- awewe, anu cikal karek 2
minggu nincak SMP, anu ka dua karek naek ka kelas 5 SD, duanana di
sakola umum/negeri Jepang kulantaran ka SRIT/Sekolah RI Tokyo mah
jauh.... 250 Km an...)

Ku hasil ngahaminan sagalarupi cariosan perkawis eta, kuring boga
pamadegan anu sapuk jeung kang Deny-- yen penyelenggaraan UN teh alusna
mah tong diayakeun deui !!  Katingalina teh ngan saukur ulinan-
wawayangan, siga KaBuKi/wayang orang Jep. Standarisasi kualitas hasil
pendidikan anu saenyana  mah atuh bisa dilaksanakeun ku cara sejen bari
jeung henteu kudu nyuntrungkeun anak didik. Ari hayang kawentar sakolana
jeung guruna anu sukses mah atuh ti samemeh pelulusan murid, ngajar
soson-soson bari jeung mintonkeun kaluhungan budi pekerti/naon nya
b.sundana(?), lain ieu mah-- barudak  teh dibekelan conto anu garoreng
patut kitu !!!! (kunaon ieu teh jadi nasteung kieu????, hehehe......
punten ah....!!!!!)

baktos ka sadaya baraya kusnet dimana wae ayana....,

*kuring- anu belasan taun ka tukang pernah ngalaman ditegor jeung
dibaeudan ku kepala sakola kulantaran cenah ketat teuing ari ngawas
ujian- /cenah teh, antepkeun we atuh ari aya budak anu ningali kopean
teh, malah mun bisa mah mere nyaho jawabanana......., haaarrrr??????
[#-o]

Pupung,


  "denysuwarja2k" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heuheuheu, ieuh�E Bisi harayang nyaho.
> Sabenerna mah UN teh bohong eta the�E Da anu sakanyaho uing mah
anu
> ngerjakeun UN teh "tim sukses" nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku
kepsek
> Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna!

Kirim email ke