Euleuh euleuh karunya teuing taya nu ngabageakeun, seug tah ayeuna ku sim
kuring dibageakeun wilujeng gabung ngarojong dieu babakan. Mugia bae sing betah
tumaninah silih rojong dina kasundaan. Atuh ngeunaan PNS sim kuring ago sapuk
ulah di sakompet daunkeun da bojo sim kuring oge PNS.
Baktos,
WAG
arahid_76 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan
aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring
pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu
ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe
langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong
disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik
perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung
sastra sunda.rampes.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com