Kahatur kang Maman, Sae pisan eta bahasan teh. Pribados sapuk sareng pamadegan akang yen PNS henteu kedah ulubiung dina ngolah Yayasan Perceka. Hal ieu peryogi supados PNS konsentrasi sareng ngagunakeun waktosna dina widangna wae supados janten langkung profesional. Anu karaos ku pribados, anu janten PNS dina widang telekomunikasi, karaosna beurat pisan janten PNS dina widang telekomunikasi teh. Saban aya teknologi anyar kedah we diajar deui. Sajabi ti eta kedah oge diajar kumaha ningkatkeun pelayanan prima ka masarakat. Referensi anu kedah dibaca seueur pisan. Hal ieu penting kanggo ngadamel regulasi supados harmonis sareng perkembangan teknologi oge nampung kepentingan sadaya stakeholder. Tangtosna supados profesional PNS kedah gaduh waktos kanggo ngembangkeun dirina. Tibatan PNS ngagunakeun waktos kanggo ngolah yayasan (milik nyalira atanapi milik batur) mending ngagunakeun waktos kanggo ngembangkeun profesionalisme.
Kirang langkungna, neda dihapunten. Salamna, Pun Asep Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: PNS Ngabandungan ranggeuyan obrolan ngeunaan PNS ieu http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/109858), kuring jadi inget ka sawatara waktu ka tukang. Waktu kuring jeung sawatara anggota milis nyieun saruntuyan pajemuhan di Bogor jeung Jakarta, madungdengkeun perkara kumaha alusna YP-Kusnet. Jadi asa dosa harita teh. Utamana ka Kang Oman, Kang Tirta, oge Kang Tantan. Asa dosana, pedah harita kuring ngusulkeun PNS teu meunang jadi pangurus YP. Hartina, rerengrengan pangurus YP utamana pupuhu jeung jabatan-jabatan lian nu nungtut waktu, tanaga, jeung pipikiran nu leuwih loba -- teu meunang dieusian ku PNS. Nyebut waktu, tanaga, jeung pipikiran nu leuwih loba teh pedah bae aya pikiran sangkan YP jadi yayasan atawa organisasi nu profesional. Lain ukur sambilan atawa ukur gagayaan jeung asa aya. (Malah luyu jeung profesionalisme yayasan tadi, satemenna, kuring hayang ngusulkeun: Rengrengan pangurus kudu dieusi ku jalma-jalma nu teu boga kawajiban lian. Sina museur bae jadi pangurus. Tong mikirkeun nu lian. Konsekuensina, kabutuhan hirup maranehna nya kudu ditedunan). Sakedapan, eta pipikiran teh siga nu ngahengker hak asasi atawa potensi nu aya. Utamana, dulur-dulur nu jaradi PNS siga Kang Oman, Kang Tirta, jeung Kang Tantan tadi. Malah, bisa jadi eta usul teh leuwih miboga alesan politis manan alesan nu sipatna leuwih subtantif. Bisa jadi, kuring dituduh ngusulkeun eta teh ukur rek mageran rengrengan pangurus tina campurtangan Kang Oman atawa dulur PNS lianna. Nya, di dieu ngarasa dosana teh. Padahal, lain rek kikituan. Lain rek ngahalangan karep jeung potensi nu aya. Sabalikna. Ceuk pikir, rek merenahkeun potensi-potensi eta. Bari hayang negeskeun deui fungsi jeung kawajiban PNS hususna, jeung fungsi pangurus YP umumna. Legegna mah rek nanjeurkeun profesionalisme tadi, nu salah sahijina dicirikeun ku spesialisasi fungsi. Sakalian hayang nanjeurkeun etika, atawa teuing naon ketang, pakait jeung PNS atawa birokrasi di urang. Bongan, PNS atawa birokrasi di urang miboga citra (atawa fakta?) kurang nyugemakeun. Lain ukur pakait jeung gajihna. Tapi, kinerjana: Leled, koruptif, jeung gumenak (hayang dikawulaan, ngarasa paling nyaho, asa paling kumawasa), mun bisa dijieun susah, ku naon dijieun gampang?, jste. Jeung asa ningnang bae, dina jaman siga kiwari, hiji yayasan rengrengan pangurusna direumbeuyan ku PNS. Komo mun pupuhuna PNS mah. Dimana watek civicna? Pan, PNS mah geus karuhan tugasna? Nya, museurkeun maneh bae kana tugasna? Tangtu bae, eta pipikiran teh nyakompetdaunkeun. Sabab, dulur-dulur Kusnet nu jadi PNS tadi bisa disebut PNS nu mahiwal. Katingalna jajauheun tina panyakit tadi. Lian ti miboga karep jeung kapercekaan, oge mibanda katineung ka Sunda. Malah, PNS jiga Kang Tantan mah, bubuhan dosen, jauh tina watek birokratif. Leuwih katingali tukang mikir (pemikir), bari boga sipat ngasuh, wuwuhan dosen tea; manan PNS nu citrana ngagebleg salila ieu. Leuwih ti kitu, dulur-dulur Kusnet nu potensial tadi, bari milih atawa katideresa pisan jadi PNS, lain rek dilurjeunkeun. Tapi, bisa diperenahkeun dina jabatan-jabatan lian, nu teu kurang penting jeung strategisna. Piraku pantar Kang Oman kudu jadi pupuhu mah? Lain perkara mampuh teu mampuhna. Ngan, pantesna ge mama siga anjeunna mah calik di sarupaning Dewan Penasihat, Dewan Pengawas, Dewan Pakar, atawa jabatan-jabatan lian nu luyu sareng kaweruh, pangalaman, yuswa, katineung, oge komarana. Keun pupuhu mah sina ku nu ngarora. Nu umurna can manjing 30 taun. Lian ti di arah tanagana, oge sina warani (jeung barisa!) jadi pamingpin. Beh dituna ambeh aya sirkulasi elit, malah mun bisa aya generations cut. Pon kitu deui Kang Tantan jeung Kang Tirta. Ceuk pikir kuring harita, aranjeunna tetep kudu diampihan. Ngan teu direngrengan pupuhu atawa Pangurus Harian mun tea mah sapuk rek diayakeun pangurus harian. Pan, asana, nurutkeun aturan nu aya, teu haram mun hiji yayasan miboga dewan itu dewan ieu luyu jeung kamekaran kapentingan nu aya? Nya, didarinya meureun pantesna tempat aranjeunna teh. Intina mah, kumaha sangkan potensi aranjeunna kawadahan bari teu ngaganggu kawajiban anjeunna salaku PNS. Kituna teh bari nanjeurkeun citra YP salaku bagean tina civil society. Teuing nyambung teuing heunteu ide-ide dina kalimah-kalimah tadi teh: PNS, YP, jeung civil society. Heuheuheu... Lian ti kitu, bisa oge asumsi atawa paradigmana pisan dibalikeun: YP bisa ngilu ngobah citra PNS salila ieu. Atawa, YP rek ngilu nandeskeun peran kapamongan PNS (baca pelayanan jeung pengabdian masarakat) nu leuwih jauh? Ongkoh, YP mah pan rada unik: Lahir dina milis, bari milis urang Sunda pisan nu loba punten-na tea. Hehehe... Hartina perkara anti PNS ieu teh, sigana, kudu ditempatkeun dina tempatna atawa ditingali kasusna. Nyanggakeun ka sadayana. Tapi, tingali oge pangacaprukan kuring ngeunaan transparansi jeung akuntabilitas LSM. Intina mah, lian ti ngajelaskeun pamadegan kuring harita, pangacaprukan ieu oge karumasaan kuring ka aranjeunna, oge ka kumna dulur-dulur Kusnet nu jadi PNS. Bilih bisi asa kapengpet karep ku eta usul. Neda pangapuntenna. Nun... Salemba, 20 Desember 2006 Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

