--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > trias santosa triassantosa@ wrote: > > > Atuh ari kitu masalahna mah lain UN na nu kudu dileungitkeun, tapi > > sistem-na nu kudu dibenerkeun. Jalankeun hukum. Pengawas mungkin > > teu salah da dititah ku atasan, kepala sekolah oge jigana mah > > henteu. Kira kira mah Kepala dinas kaluhur............meureueueun. > > Punten ah.... > > Upami kanggo standarisasi sakola mah, memang leres UN teh peryogi. > Ngan masalahna UN ayeuna jadi faktor penentu kanggo lulus henteuna > murid. Peran Guru nu taunan ngajar budak, dileungitkeun. Kalulusan > budak ukur ditangtukeun ku waktu 2(dua) poe jeung ukur ku 3(tilu) mata > pelajaran. Padahal sabenerna guru nu terang sapopoena muridna. Guru > sabenerna nu gaduh hak naha saurang murid teh bisa diluluskeun atawa > henteu sanes Menteri Pendidikan ...hehehehe. Pan di Perguruan Tinggi > oge dosen nu nangtukeun peunteun sabaraha mahasiswana teh ...sanes > Menteri Pendidikan atawa Rektor. > > Komo ayeuna mah aya rencana UN teh oge diterapkeun keur SD. Tah kumaha > lamun budak teu lulus? ...pan nabrak UU nu ngawajibkeun sakola 9 taun, > da budak teu bisa asup SMP tapi teu ngulang deui di SD. > > Ceuk kuring mah bade UN mah mangga, ngan cik atuh kalulusan budak mah > bikeun ka guru/sakolana, da maranehna sabenerna anu terang pisan mah. > > Baktos, > WALUYA >
OOOOh..... kutan kitu nya???? jadi UN teh nangtukeun kalulusan murid??? (maklum atuh tos lami pisan teu icikibung di sakola Indonesia....) Ieu mah sakadar pangalaman kuring nyakolakeun budak di nagara deungeun, susuganan atuh bisa jadi eunteung kanggo urang sarerea....... Di dieu (Jepang) sami sareng di Indonesia nerapkeun sistim wajib belajar 9 taun. Sababaraha bulan samemeh nyanghareupan taun ajaran anyar, kabeh orangtua anu ngabogaan budak nu geus wancina abus sakola- boh SD atawa SMP- dikiriman surat ku kantor kecamatan/kotamadya bag.dikbud, anu eusina teh ngabageakeun, putra anjeun tos waktosna sakola, dipiwarang lebet ka sakola anu ditunjuk (disesuaikeun jeung wilayah tempat tinggal, berdasarkan radius.....), boh orang tua boh budakna teu kudu hese-hese neangan sakola, tos disayogikeun ku pamarentah..... (kecuali anu hoyong lebet ka sakola khusus/programna jeung sajabina rada benten ti sakola umum, ieu mah kedah ujian heula...). Barudak SD kelas 6 anu dek diwisuda, teu aya nu namina ujian-ujianan....., so pasti sakabeh budak 100% lulus !!!!! geus kitu, pasti kabeh bakal bisa asup ka SMP tanpa aya ujian-ujianan.... Sual standarisasi sakola, ieu teh diayakeunana sababaraha kali tiap semester (karek ganti tina catur wulan), barudak ujian- ti kelas 1 tepi ka kelas 6 (kumaha we siga tes ulangan sapopoe ngan soalna standar nasional), guru-guruna kabeh konsisten, tanggungjawab, saaya-ayana kamampuan murid, pedah didieu mah guru-guruna oge ngarasa yen ku ayana ujian siga kitu teh sarua jeung eukeur ngukur kamampuan guruna sorangan/evaluasi/introspeksi.Sabadana ujian ieu, hasilna diumumkeun ka orangtua murid,jadi katingali kumaha posisi sakola teh dibandingkeun jeung sakola sejen, terus dievaluasi, lamun loba kakuranganana dibahas babarengan kumaha ngopenannana......... Sagala rupa ngeunaan sakola, lain ngan ukur tanggung jawab kepala sakola jeung guru-guruna wungkul, kabeh kum na masyarakat ngarasa tanggung jawab, ku kituna osok diayakeun Jugyou sankan bi anu hartosna, masyarakat sabudeureun sakola kalebet orang tua murid dibageakeun dina hiji poe kanggo inspeksi/kunjungan ka sakola, ningali kaayaannana, ningali kumaha proses belajar mengajar berlangsung, saatosna diayakeun riungan PTA , ngabahas naon-naon bae anu hoyong didugikeun ku orang tua oge ku guru kanggo ningkatkeun pengajaran..... Tah kitu baraya sadaya......, cag ah......., kaleresan dinten ieu sakedap deui abdi kedah ngadeuheus Jugyou sankan bi di Hisumi Shogakko.... baktos,

