hapunten kang, KUSnet teu diskriminasi ka sasaha. paling oge kanu tukang
ngiruhan. upami aya seratan nu nyabit2 kitu, sifatna opini atawa pamanggih
baraya, teu ngawakilan KUSnet. kaci didebat, janten polemik. ke tos bosen
atawa tos kiruh, disetop.

perkawis teu aya nu ngabageakeun, sigana silih andelkeun, keun we batur,
hanjakal adat kitu teh sering oge teu hasil. mangga atuh, wilujeng gabung
kang.

kantor akang di jl. sunda nya? sadidinten kalangkung ku angkot aceh nu
ngakut si kuring.

kuncen #3

mj

    Posted by: "arahid_76" [EMAIL PROTECTED] arahid_76
    Date: Thu Apr 19, 2007 7:48 pm ((PDT))

sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan
aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring
pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu
ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe
langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong
disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik
perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung
sastra sunda.rampes.



--------


http://geocities.com/mangjamal




Kirim email ke