Nuhun kanggo rujukan ka bahan ti wikina, bade didownload, dikopi teras dicandak 
ka rorompok kanggo bacaeun ahad wengi sabari ngantosan Republik Mimpi (acara 
kameumeut teh Roro).

Sateuacan maca referensi eta, katambih gado ngagayot, aya patarosan, kumaha nya 
upami metoda pengujian DNA dianggo nalungtik "kedekatan" sahiji suku bangsa di 
endonesia sareng suku bangsa sanesna? Upamina wae saha anu langkung caket 
"kekerabatanna" ka urang Sunda? Naha urang Lampung, urang Kutai atanapi urang 
Jawa? Mungkin henteu nya, kang?

Cag heula ah bade uih yeuh, tos bade jam lima.

Salamna,

Pun Asep

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kacindekan 
nu nepi ka nyebutkeun urang Sunda asalna ti Palaung mah abot teuing, kecuali 
mun eces natrat tapak lacakna. Mun nilik tina basana, paling oge bisa 
disimpulkeun yen eta dua basa teh duduluran atawa sakaruhun.
  
Panalungtikan ngeunaan asal-usul hiji bangsa (atawa asal-usul manusa) tos rada 
lami ditalungtik migunakeun tehnik molekuler, nyaeta ku jalan nempo runtuyan 
DNA-na. Materi genetik manusa anu ilahar dianggo kanggo ieu panalungtikan 
nyaeta kromosom Y jeung DNA mitokondria (mtDNA). Runtuyan DNA anu aya dina 
kromosom Y teh diturunkeun sapanjang garis bapa (ti aki nurun ka bapa, ti bapa 
ka budak lalaki, terus ka incuna nu lalaki, terus ka turunanana anu lalaki 
deui, jst), sedengkeun mtDNA diturunkeun sapanjang garis indung (ti indung ka 
anak2na, ti anakna nu awewe ka incu2na, ti incu2na nu awewe ka turunanana anu 
salajengna). Tina kromosom Y, urang bisa nyusud kumaha leorna lalaki (sabab 
umumna mah mobilitas manusa teh ditangtukeun ku lalaki). Sedengkeun tina noong 
mtDNA, urang bisa ningali ka mana palidna awewe (sabab umumna mah mobilitas 
awewe mah kumaha lalakina). Hasilna? 

Tamba lieur, mangga cobi buka http://en.wikipedia.org/wiki/Race ti Wikipedia. 
Di dinya aya gambaran & tumbu ka pedaran2 sanesna ngeunaan hal nu patali...

 
On 4/19/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote:                           
         Kumaha tah lamun di balik, urang Palaung asalna ti Sunda? Teuing atuh.

Lamun ditilik dina fisik mah siga jauh pisan antara urang Palaung jeung urang 
Sunda teh. Nangkod dina email ieu aya dua foto urang Palaung. 

Salian ti ngagunakeun etimologi, jeung elmu basa lianna, naha nya can aya studi 
anu ngagunakeun metoda DNA dina nalungtik asal muasa sahiji bangsa?






 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke