Har gening di Hamburg, sugan teh di Bandung. Nuju naon di Jerman, kang? Sakola 
atanapi bubuara?

Upami nyusud alumni pelajar INA di Jerman gampil henteu 'nya kang? Sim kuring 
gaduh rerencangan / sobat namina Enri Rahman. Ngan sataun sasarengan sareng 
anjeunna di ITB kumargi taun 1987 anjeunna langkung milih beasiswa BPPT kanggo 
sakola di Jerman. Sono pisan tah ka sobat teh. Dipilarian di Internet mah 
lebeng henteu kapendak. Kumaha 'nya? tiasa ngabantos?

Salam,
Asep




trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  

Nepangkeun oge atuh sim kuring ge nembe kirang langkung sataun janten anggota 
Kusnet, mung kantos ngalelep, nembe kamari kamari ieu sim kuring mucunghul 
deui. Kuring urang Banjar ngadon meakeun masa balita, sakola terus digawe di 
Bandung. Ayeuna geus taun ka tujuh ngumbara puputeran di luar nagreg. Kabeneran 
ayeuna keur di Hamburg. Untung aya Kusnet nu bisa ngahibur mun keur sono ka 
lembur.
  Sok atuh ayi Gungun dikumplitan kenalanana.
  Salam,
  Kang Santosa.


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Alaikum salam, saderek Gun2. Mangga linggih wsilujeng tepang di Babakan 
Kusnet. Langkung sae rada lengekep nepangkeunana, supados enggal loma manawi. 
Sapertos kawit timana, ayeuna nuju dimana, malih upami teu kaabotan jalaran teu 
paamprok jonghok dikieuna, nyebatkeun yuswa oge langkung utami. Supados wargi2 
anu sanesna gampil bade nyebat: ayi, akang, sareng sajabina. Tah atuh sakatenan 
ngabageakeun, ieu kuring sok disebat aki tams. Aki da rumaos teu anom keneh, 
malih tos gaduh incu. Kaleresan ayeuna nuju di Mantin Negeri Sembilan Msia, 
kawit mah ti Tasikmalaya, manung bubuara di Bandung. Mangga wilujeng tepang, 
diantos postinganana. Baktos aki tams.

gun2bihyahin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:        assalamualaikum
nepangkeun wargi enggal, kumaha daramang?

haturnuhun
gun2




    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   




         

---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check out new cars at Yahoo! Autos. 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke