Kanggo ayi Bohay kersa teu beasiswa ti DIKTI? manawi kersa neraskeun rama anu 
PNS? he he he, ayeuna mah teu aya bagian beas, da tos digentos ku artos 
majarkeun teh ambeh rada ageung gajihna, ha ha ha, isin ah janten PNS ? Aki 
tams mah teu tuh teu isin, sidik ngaraos bingah sanaos gaji kirang 
dibandingkeun sareng padamel sanes, margi sanaos mung ngajar anak bangsa aya 
dua tujuan nyaeta ngamalkeun anu tiasa diamalkeun keur anak2 bangsa, atuh 
kaduana nya milari rejeki anu halal;  kitu sanes ayi Budi? Ping 26 Maret 2007 
DIKTI nyeratan Rektor/Ketua/Direktur Perguruan Tinggi. Dina raraga ...sareng 
saterasna, Pengangkatan dosen enggal syaratna kedah S2. PT ngusulkeun dosen 
sareng calon dosen supados kenging beasiswa pamarentah, tapi kangge aranjeuna 
anu tos ditampi di PT luar nagara anu kalebet tos majeng. Atuh engke aranjeuna 
kedah mulang tarima ka nagara ari tos tamat S3na, janten PNS tea. Kasimpulanana 
kumaha tah ayi Bohay tong rusuh pundung tina diajar, sambung bae Agustus teh
 ka program S3 beasiawa disayogikeun. tawaran ieu mah, moal maksa, he he he he. 
ari kersa we. Tah kitu info basi ti aki tams.??

Rekabohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Usum pundung geuningan??? ah, ari 
kitu mah ngiluan pundung weh atuh ah...

Tapina hese emang ayeuna mah nya jadi PNS teh. Asupna oge hese, geus asup 
geuningan gajina teu gede... gaji naek saeutik, eeehh, dituturkeun ku naekna 
harga timimiti leunca nepikeun ka daging sapi. geus jadi pejabat, rek korupsi 
atawa rek jujur, angger weh dioyag2 ku LSM jeung Kejaksaan. Geus pangsiun oge 
kudu narima duit pangsiun anu teu sabaraha. 

-Bohay-
Anak PNS anu ngasaan pisan beas plat beureum. hehehe...

  On 24/04/07, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED] > wrote:            ngiluan 
pundung ah ....

budhi
- bisi di lembur hese nyambung kana internet

  On 4/24/07, kumincir < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            Kang... mun aya 
nu nyebutkeun yen sakabeh PNS areusleum, kuring nu pangheulana protes... kieu 
kieu ge... uing teh produk PNS, digedekeun ku beas bagean! heuheu...







  






  

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke