Aya beasiswa Ki??? waduuhh... Nyambung ka S3 nya? hihihihi... asa beurat yeuh, engke weh ah, bade ka Mantin lah, urang ngobrol. hehehe...
Sami Ki, abdi oge teu isin janten putra PNS,,, komo abdi mah emang keluarga PNS, ampir sadaya pun emang sareng pun bibi PNS wungkul. Eh sumuhun, ayeuna mah tos teu kenging bagean beas nya. tipayun emut pisan, amun awal bulan (duka ahir bulan, he love deui) sok dipiwarang ku pun bapa manggul beas sakarung dina mobil. hehehe... cag ah... -Bohay- On 24/04/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanggo ayi Bohay kersa teu beasiswa ti DIKTI? manawi kersa neraskeun rama anu PNS? he he he, ayeuna mah teu aya bagian beas, da tos digentos ku artos majarkeun teh ambeh rada ageung gajihna, ha ha ha, isin ah janten PNS ? Aki tams mah teu tuh teu isin, sidik ngaraos bingah sanaos gaji kirang dibandingkeun sareng padamel sanes, margi sanaos mung ngajar anak bangsa aya dua tujuan nyaeta ngamalkeun anu tiasa diamalkeun keur anak2 bangsa, atuh kaduana nya milari rejeki anu halal; kitu sanes ayi Budi? Ping 26 Maret 2007 DIKTI nyeratan Rektor/Ketua/Direktur Perguruan Tinggi. Dina raraga ...sareng saterasna, Pengangkatan dosen enggal syaratna kedah S2. PT ngusulkeun dosen sareng calon dosen supados kenging beasiswa pamarentah, tapi kangge aranjeuna anu tos ditampi di PT luar nagara anu kalebet tos majeng. Atuh engke aranjeuna kedah mulang tarima ka nagara ari tos tamat S3na, janten PNS tea. Kasimpulanana kumaha tah ayi Bohay tong rusuh pundung tina diajar, sambung bae Agustus teh ka program S3 beasiawa disayogikeun. tawaran ieu mah, moal maksa, he he he he. ari kersa we. Tah kitu info basi ti aki tams.??

