Punten baraya, Kuring jadi inget ka papatah ti almarhumah Nini kuring (sanés ustadzah) waktu kuring kelas tilu ésdé, yén masalah urang asup surga jeung naraka mah éta kersana Pangéran, urang kedah rido jeung ikhlas kana naon-naon anu dipaparin ti Pangéran, boh ayeuna, boh jaga di akhérat, lantaran urang téh milik Manten-Na. Ayeuna urang di dunya mah nu penting kalakuan sing hadé, hadé ka Pangéran, hadé ka diri sorangan, hadé ka sasama, sangkan urang meunang rido ti MantenNa, ulah ngarep2 surga-Na.. Insya Alloh lamun urang geus usaha sing hadé sakabisa urang, lamun urang rido jeung ikhlas mah, sanajan di paparinan naraka oge moal matak kasiksa... tiis we.. cenah. Sakali deui, ieu mah saur pun nini, lain ceuk kuring.. Ku kuring dipikiran, tepi ka ayeuna. Enya da sakapeung mah sok rada mikir nu araranéh, misalna urang nahan teu <punten> ngalacur, naha éta téh kulantaran sieun dosa? sangkan asup sawarga? da kapan cenah di sawarga mah disadiakeun bidadari2 nu gareulis tur salawasna parawan.. ari kitu mah meureun ibadah téh ukur 'nabung' pikeun sangkan urang engké tiasa 'muaskeun napsu' di sawarga... Jadi kuring sakapeung sok rada 'teu panuju' kana sistem 'pahala' jeung 'surga' ieu téh.. Tapi sanajan kitu kuring tetep percaya ku ayana 'hari akhir', jeung kuring percaya yen takdir Alloh oge berlaku di hari akhir, da sadayana oge milik AnjeunNa. Tah, lamun kuring aya pamikiran siga kitu, urang kaasup murtad teu?? lamun enya téh aduh.. ampun Gusti...... Wassalam, iwan -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ahmad syahidin Sent: Tuesday, April 24, 2007 4:30 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Nu Burung edan jeung nu Waras
kang Tedi mamanawian abdi bade ngewaler patarosan saderek akang manawi numutkewun pamanggih sim kuring ata jalma anu owah/edan atawa gelo moal dihisab ku pangeran lamun gelo atwa edanna ti leletik atawa ti barang lahir. sabab sakebeh jalma dina asalna mah islam atwa soleh, sapertos hadist Riwayat Muslim anu unina sakabeh anu dilahirkeun dina kaayan Islam. kua ayana kitu insya Allah anu gelo atanapi anu edan lamun edanna ti leleltik bakal asup ke surga saperti orok anu maot atanapi murang kalih anu maot saencan baleg. tapi lamun gelo/edanna geus dewasa maka bakal dihisab waktu saencan gelona lamun loba amalan hadena insya Allah asup surga tapi lamun sabalikna insya Allah asup naraka. kitu tah kang tedi manawi katampi wallahu a'lam ----- Original Message ---- From: teddy sur <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, April 24, 2007 3:22:56 PM Subject: [Urang Sunda] Nu Burung edan jeung nu Waras Sugan-sugan aya anu ahli Agama,kuring rek tatanya. Kulantaran jalma2 rea pada silih udag2gan hayang nganjang ka surga, amun ka naraka mah geus pasti euweh nu daek.jadi wae kompotisi ngarumpulkeun amal jeung kalakuan tea cenah..! tah..kitu lakonna nu waras. kumaha atuh lakonna ari jalma-jalma anu ka asup burung,edan, gelo,owah? .. naha maranehna bakal bisa nganjang ka surga, saperti jalma2 cenah nu ngaraku waras,komo deui pang aingna mah.. tah kumaha atuh...nu burung,edan, gelo,owah teh? mangga kapara kyai,ustad,santri sakabehna pang mikirkeun eta sa Adam,sa Hawa. _____ Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. <http://us.rd.yahoo.com/evt=48245/*http://autos.yahoo.com/new_cars.html; _ylc=X3oDMTE1YW1jcXJ2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3LWNhcnM -> _____ Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new <http://us.rd.yahoo.com/evt=48245/*http://autos.yahoo.com/new_cars.html; _ylc=X3oDMTE1YW1jcXJ2BF9TAzk3MTA3MDc2BHNlYwNtYWlsdGFncwRzbGsDbmV3LWNhcnM -> cars at Yahoo! Autos.

