Ceuk uing ieu mah...
Nu burung, nu edan, nu gelo, jeung nu owah 
hartina uteukna teu jejeg, koclak ...
hirupna sarua jeung sato, make naluri atawa insting
da uteukna nganggur, teu jalan. Jadi sing saha wae
jelma-na, anu uteukna teu dipake, eta kaasup sabangsaning
jalma gelo.

Gelo ge aya tingkatanana..
Gelo Anyar, Gelo Meueusan oge Gelo Heubeul...
tapi sakabeh nu gelo sok ambek mun disebut gelo teh..
kalah ka sok nuduh gelo ka batur.
Kieu geura...

"Maneh gelo nya ?"
"Teu.."
"Ah gelo jigana mah..."
"Ih henteu.."
"Enya ah, pasti gelo maneh teh.."
"Haaaar...ari maneh cageur ?"
"Saha ?"
"Maneh !"
"Maneh nu gelo anyar !"
"Ngeunah wae nyebut ka aing gelo anyar, sidik geus lila gelo teh!"
"Owh kitu?"
"Sarua atuh ?"
"Sarua naon ?"
"Enya, sarua gelo.."
"Nya henteu, atuh.."
"Naha ?"
"Da maneh wungkul nu gelo mah.."
"Ari maneh ?"
"Puguh cageur uing mah..."
"Haaar, da uing ge cageur"
"Jadi sarua cageur atuh ?"
"Boa .."
"Mun kitu saha atuh nu gelo ?"
"batur.."
"enya...boa batur..."

Tah kitu.

Soal asup heunteuna nu gelo ka sawarga atawa naraka mah, 
tong dipikiran teuing, bisi gelo. 
Da lain hak-na urang-urangan. urusan Gusti Alloh eta mah...


-Dul-
tukangteuing


--- In [email protected], teddy sur <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sugan-sugan aya anu ahli Agama,kuring rek tatanya.
>    
>   Kulantaran jalma2 rea pada silih udag2gan hayang nganjang ka 
surga, amun ka naraka mah geus pasti euweh nu daek.jadi wae 
kompotisi ngarumpulkeun amal jeung kalakuan tea cenah..! tah..kitu 
lakonna nu waras.
>    
>   kumaha atuh lakonna ari jalma-jalma anu ka asup 
burung,edan,gelo,owah?..
>   naha maranehna bakal bisa nganjang ka surga, saperti jalma2 
cenah nu ngaraku waras,komo deui pang aingna mah..
>   tah kumaha atuh...nu burung,edan,gelo,owah teh?
>    
>   mangga kapara kyai,ustad,santri sakabehna pang mikirkeun eta sa 
Adam,sa Hawa.
>    
>    
>    
> 
>        
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
>  Check outnew cars at Yahoo! Autos.
>


Kirim email ke