Leres kang behoy eh salah kang bohay ieu anu disebaut sistem tehnya
jadi tia element/kompenen dina organisasi/pausahaan saling
pakait/terkait saling ngadukung saling saling we lahnya ambeh tereh
heu heu.....

baktos
tukang bajigur


On 4/25/07, Rekabohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Eeeuuh... amun kieu kabeh mikirna mah moal beres atuh.
> engke bakalan kaluar pemikiran lain anu sarua
>
> Ceuk R&D Division:
> mun euweuh aing, moal baleg kabeh ge, moal bisa nangtukeun langkah kahareup, 
> moal bisa ngaevaluasi kasalahan katukang, jadi moal maju ieu BCA teh.
>
> Ceuk Finance Division:
> Mun euweuh aing, keuangan bakalan teu ka kontrol, trus mun uing mogok 
> ngaluarkeun duit, kabeh divisi pasti ripuh. kawasa aya di leungeun uing!
>
> Ceuk Marketing:
> Mun euweuh uing, ieu Bank moal aya nasabahna. nasabah anu ngahasilkeun duit, 
> jadi mun euweuh nasabah, moal hirup ieu Bank.
>
> Ceuk bagean Kredit:
> Amun euweuh uing, duit nasabah moal bisa digolangkeun, moal ngajadikeun 
> kauntungan ka pausahaan.
>
> Ceuk Corporate Social Responsibility Division:
> Mun euweuh uing, pausahaan ieu bakalan goreng ngaranna di masyarakat. 
> pausahaan ieu moal peka kana kondisi sosial. pasti ku masyarakat di cap 
> pausahaan goreng weh.
>
> Ceuk HR Division:
> Mun lain uing anu milihan jelema, pausahaan ieu moal jiga kieu. trus mun lain 
> uing anu ngagawekeun maneh, pasti maneh ayeuna msh keneh di jalan ngasong2 
> lamaran.
>
> Ceuk Maintenance division:
> mun lain ku uing di urusna ieu kantor, pasti rarujit, nasabah oge pasti 
> kalabur.
>
> Ceuk Security:
> Mun euweuh uing, pasti pausahaan ieu geus di rampog. pasti geus di bobol...
>
> Jeung rea- rea deui pemikiran...
>
> Pemikiran anu kieu teh anu bakalan nyieun pausahaan teu bener.
> aya nu leuwih penting ti kabeh ieu, nyaeta "Kerjasama". jadi ceuk pandangan 
> kuring mah, kabeh divisi teh penting, kabeh kudu aya "sinergi" ngarah bisa 
> "achieve company goal". kabeh divisi, kabeh bagean oge penting, euweuh anu 
> teu penting. kabeh kudu ngahiji, maju babarengan. kabeh boga fungsina masing2 
> anu teu eleh pentingna.
>
> ah, ieu mah saukur tutulisan ketang, teuing ari bener atawa henteuna mah... 
> punten ah, ieu mah lain mamatahan ngojay ka meri atawa mamatahan ngorong ka 
> si Jay.
>
> cag ah.
>
> -Bohay-
>

Kirim email ke