Kang upami nyarioskeun masalah kupat tahu, cobian di jalan gempol, aduuh pedoo pisan, enjing2 parantos ngantri, komo upami dinten jumaah tah pan parantos bubaran olah raga, eta anu pesen pa seueur-seueur, kadang-kadang tara kabagean. mangga cobian geura.
----- Original Message ---- From: Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, April 26, 2007 1:43:39 PM Subject: RE: [Urang Sunda] Kupat Tahu baheula jamana smp9 di jalan semar nyingcet aya uhat tapuk angrapangis, da kitu anu kasebut halah halah. -----Original Message----- From: surtiwa surtiwa [mailto:surtiwa@ yahoo.com] Sent: Thursday, April 26, 2007 12:32 PM To: Baraya_Sunda@ yahoogroups. com; [EMAIL PROTECTED] ups.com Subject: [Urang Sunda] Kupat Tahu basa abdi di SR di bandfung anu katohyan Kupat tahu bandung teh nyaeta Kupat sareng tahu goreng sareng Toge kulub nganggo samacam bungbu kari,diawuran kurupuk beureum. basa minggu pengker abdi ka Bandung dipilarian teh eta Kupat tahu teh seueur geuning versina ayeuna mah. palng henteu aya 3 golongan ageung; 1. Kupat Tahu bungbu kuah kari. Kupat, tahu goreng, toge kulub, kurupuk beureum, bawang beureum goreng. versina aya anu ditambihan sohun atanapi mihun. Kupat Tahu model kieu teh cenah kawitna mucunghulti daerah Padalarang.Mun di Jakarta..saderekna teh mirip nyaeta Ketupat Sayur, Lontong sayur. 2. Kupat Tahu bungbu kacang (suuk). Kupat, tahu goreng, toge kulub, kurupuk beureum. Bungbu kacangna mirip2 bungbu lotek atanapi gado2. Di Lembang cikurna dileuwihan.. janten rasa2 jajamu. Di Jakarta namina Ketoprak (bungbu suukna ngango bawang bodas sakedik direkuh). Kupat Tahu model kieu teh cenah kawitna ti daerah Tasik/Singaparna. 3. Kupat Tahu Petis. Kupat, Tahu goreng, Toge kulub. Bungbuna suuk nganggo petis (atah). Di bandung tos aya awal tahun50 an. Saderekna ti Jawa Wetan/Tengah Surabaya, Magelang,jrrd. Engke meueun aya versi sanes urang tunguan wae... ____________ _________ _________ _________ _________ __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail. yahoo.com Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

