hatur nuhun Mang... kuring jadi asa reugreug..
ari di pangajian teh sok rada palaur bade naroskeun hal2 samodel kieu ka 
para sepuh teh..
palaur salah nampi..

sakali deui, hatur nuhun Mang..

wassalam,
iwan

mj wrote:
> cek si kuring nu di pasantrena ngan purah meakeun liwet, eta kitu teu
> murtad. sabab nu jadi masalah ngan ukur harti atawa tarjamahan tina
> kalimat Qu'ran. malah eta sikep teh kritis, salaku mahluk nu boga jeung
> make akal pikiran. islam bisa diudag ku akal. mun teu bisa, pikiran urang
> can nepi.
>
> tapi ke heula, sanes resep ka istri? hayang nyandung bari bebas
> diomongkeun batur model Aa Gym? hihi.
>
> cara nerjemahkeun basa arab nu dihartikeun 'bidadari' eta cek kang Irfan
> Anshory dina Cupumanik bulan2 kaliwat, salah. cenah mah sabenerna kecap
> arab eta teh teu nunjuk kana hiji jender, tapi netral. ngan ku sabab dunya
> teh dikuasa patriarki alias dunya lalaki, nya dijenderan (dibere parabot
> reproduksi), jadi istri, bidadari. cenah hartina sabenerna mah ngan ukur
> batur/teman.
>
> cek pikiran kuring nu oge teu pati eucreug bisa jadi dikadinyakeun hartina
> ku ulama nu hirup di komunitas nu dikuasa ku lalaki, siga masyrakat Arab.
> ari model atawa konsep naraka jeung sorga mah bisa oge perlambang. yen
> hade goreng aya balesna. hirup di dunya oge model kitu. mun ngalakukeun
> salah, di penjara-hirup cilaka, mun hade, nya meureun meunang
> bonus/hadiah, minimal hirup salamet.
>
> carita salaku model atikan
> jelema teh hirup ti baheula bari prosesna angger kitu. ti balita nu
> primitif, terus mekar jadi budak, pamuda, jeung saterusna. perkembangan
> pikiran atawa akal oge kitu. tingali we budak nu can hideng, beda kalakuan
> atawa adatna jeung nu geus hideng atawa baleg. tah cara ngajar ka jelema
> oge kitu. disaluyukeun jeung kamampu uteuk jeung perkembanganana. cenah,
> baheula, jelema teh resep dibere pelajaran ku mangrupa carita. di india
> aya maharabata jeung ramayana tea-sabenerna eta carita cenah ajaran hindu.
> masing2 nu apal carita eta jadi baroga kanyaho soal adat goreng adat alus
> nu diwakilan ku hiji dua tokoh/karakter. tapi sabab jelema mah boga adat
> ngistimewakeun hiji hal nu cocog jeung hate (siga fans. bobotoh) tokoh2
> eta malah dijaradikeun dewa atawa sesembahan, bari satekah polah diconto
> kalakuanana-da alus tea. dina carita eta, salian ti aya tokoh soleh, oge
> aya nu jahat. duanana mangrupa pilihan atawa picontoeun, kaasup pangbibita
> oge, rek milih nu mana pikeun dipake panutan enggoning ngalalakon di ieu
> dunya.
>
> konsep pangeran
> ayeuna mah, sok we taros hate atawa pikiran. ari pangeran kumaha?
> kalolobana baroga bayangan siga berhala. haha. sabab manusa sok neangan
> kamiripan hiji perkara ku perkara nu geus katewak pikiran jeung parasaan
> oge kayakinan. Islam agama nu sukses ngabstraksi konsep pangeran, pangeran
> teu dirupakeunka hiji perkara, siga nu aya di konsep pangeran karesten
> atawa katolik. maranehna marake simbol yesus disalib, di agama india aya
> patung dewa, jsb. di islam teu aya jeung teu meunang. boroning gambaran
> pangeran, dalah nabi oge haram digambar atawa dibayangkeun dina bentuk
> gambar atawa patung.
>
> kunci konsep pangeran aya dina surat Qulhu (al ihlas).
>
>
> ah, ieu mah ngawadul. geus ah bisa loba salahna.
> ---------
>
> Ku kuring dipikiran, tepi ka ayeuna.
> Enya da sakapeung mah sok rada mikir nu araranéh, misalna urang nahan
> teu <punten> ngalacur, naha éta téh kulantaran sieun dosa? sangkan asup
> sawarga? da kapan cenah di sawarga mah disadiakeun bidadari2 nu gareulis
> tur salawasna parawan.. ari kitu mah meureun ibadah téh ukur 'nabung'
> pikeun sangkan urang engké tiasa 'muaskeun napsu' di sawarga...
> Jadi kuring sakapeung sok rada 'teu panuju' kana sistem 'pahala' jeung
> 'surga' ieu téh.. Tapi sanajan kitu kuring tetep percaya ku ayana 'hari
> akhir', jeung kuring percaya yen takdir Alloh oge berlaku di hari akhir,
> da sadayana oge milik AnjeunNa.
>
> Tah, lamun kuring aya pamikiran siga kitu, urang kaasup murtad teu??
> lamun enya téh aduh.. ampun Gusti......
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>   

Kirim email ke