Kang Endang,
Upami Mamat gaduh email address atanapi nomer HP anu tiasa dihubungi, punten
atuh nyuhunkeun alamat sareng nomerna; ngalangkungan japri wae panginten sae na
mah.
Salamna,
Asep
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sumuhun, lawas teu patepang, gening pendak di lembur Kusnet. Kaleresan abdi
daftar janten anggota Kusnet sasih Oktober 2006 tapi nembe muka emailna mah
sasih Januari 2007. Abdi ayeuna di Depkominfo. Upami rorompok mah di Cibubur
coret, pas na mah di Depok.
Emut kapungkur kantos belajar bersama sareng Mamat di tuang bumi dina persiapan
ujian kalulusan SMA. Hoyong pisan pendak sareng Mamat teh. Mudah-mudahan
dipasihan waktos ku nu Maha Kawasa tiasa pendak areng akang sakulawargi.
Salamna,
Asep
sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Har,
sumuhun, geuning araya di dieu. Alhamdulillah, sae. Mamat mah di Palembang.
Asep dimana ayeuna?
Salam
----- Original Message ----
From: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, April 27, 2007 3:52:33 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kupat Tahu --> Urang Maleber
Punten tumaros,
Dupi ieu teh kang Sofyan putrana pa Aceng anu linggih di Maleber Inpres II
Bandung. Upami leres, kumaha damang? sareng kumaha wartosna tuang rai, Mamat?
Salamna
Asep
sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Kang Gantra,
Frekuensi rada nyambung ari ku tuangeun mah. Abdi ngiringan ieu milis teh
diajakan ku Kang Ukay rerencangan sakola pabuburit di UI. Eh geuning tepang
sareng akang, da moal aya sadunya sigana jenengan Maman Gantra mah, pasti
jalmina anu jangkung urang Bandung, di Maleber ecesna mah. Sugan moal poekeun
teuing ka abdi. Waktos akang tos kuliah teh, abdi mah masih keneh ngadu kaleci,
ucing-ucingan, perang gobang, gatrik, sareng tiasa keneh guyang mengbal di
kapling kosong.
Ti saprak kuliah abdi rada jarang ruang-riung di Maleber, ngulamprengna
sabudeureun kampus we. Tapi pernah pendak di pasampangan waktos harita akang
nuju di Tempo asanamah. Ari ayeuna dimana? Ari alamat mah Salemba, atuh caket
sareng tempat macul abdi ayeuna di Menteng. Tos 17 taun apruk-aprukan, ayeuna
nyangsang di Jakarta, tapi bumen-bumen mah di Bandung wae. Pasti lebeng keneh
nya kang? Saha ieu teh? Ari dina akte mah Sofyan Iskandar, tapi di Maleber mah
Endang tea kang. Rorompok di Rahayu II caket kang Rudi. Kacida mun lebeng
keneh. Saminggu sakali mah masih keneh ngalongokan sepuh di Maleber,
alhamdulillah masih jareneng.
Salam baktos.
Sofyan
----- Original Message ----
From: Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Thursday, April 26, 2007 10:06:50 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kupat Tahu
Keur budak, taun 70-an, kupat tahu pangkahotna mah nya Mang Ucup
atanapi Si Pongek. Tempatna di Oto Iskandar, tos bade caket ka
Jl.Pungkur. Pedo audzubillah. Bungbu kacangna ngaminyak. Tahuna tahu
Bandung tulen, togena baleuneur, kupatna oge cakial.
Saking panatikna, sim kuring kungsi boga jargon: Mang Ucup atau Mati!
(Heureuy ieu mah). Ayeuna duka tah, masih aya atanapi heunteu.
Mung, sawatara waktos kapengker, dua lebaran kapungkur asana, sim
kuring kantos ngadon sasarap di Jl,Pasundan, nu notog ti ti
Sasakgantung ka luhurkeun. Menuna, nya kupat tahu. Alhamdulillah,
ningali Bandung teh asa bengras. Duka memang eta kupat tahu teh
memang okeh, duka pedah memang keur lapar bari hawa Bandung keur
kayungyun -- ibun nyingray ku panonpoe. Duka pedah rada gede
pangharepan: Urut kabogoh ujug-ujug kaluar ti bumina. Tapi, sigana
mah kupatna memang raos. Ngaleueutna ge ci enteh hejo. Ti Taraju,
saur nu ngicalna mah.
Baktos,
Pun Maman
--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, sofyan iskandar <[EMAIL PROTECTED] .>
wrote:
>
> Ngiring euyeub kana per-kupatahuan, bari nepangkeun pun Sofyan ti
Raflesia. Upami seepeun di Gempol, cobian di bypass peuntaseun
superindo metro. Nganggo bumbu kacang anu tos jadi, dikucurkeun kana
kupat anu ditahuan, ditogean, sareng kurupuk. Haransi, mangunreja.
>
> Baktos
> Sofyan
>
>
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.