Wakakakak... Aya ku bisaan kang ndoell! Eh, apal teu lamun bonteng teh mangrupakeun 'obat kuat'? Biasana sih jeung extra joss, tapi lamun teu aya mah cikopi ge teu nanaon..
Wassalam, Iwan ... "heueuh da bari ngorong.." "maneh apal teu saha nu nyieun korong?" "apal atuh, kang ndoell" "lain, eta mah tukang ngorong" "ngorong mah ceuk jawa, ceuk sunda mah ngarang" "bae.." ... -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell Sent: Monday, April 30, 2007 10:57 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Bonteng "maneh apal kana bonteng ?" "apal.." "osok ngadahar ?" "enya osok, sakapeung dahar teh nepi ka tilu opat siki" "kumaha karasana ?" "ah..seubeuh we..." "ih maneh mah..." "haaar...nya heueuh atuh, emangna kudu kumaha ?" "lain...maksud teh bontengna, rasana kumaha ?" "ari maneh kungsi teu ngadahar bonteng ?" "nya kungsi.." "ari kungsi mah pasti apal, naha bet nanya deui ka uing ?" "nya sugan we beda.." "beda kumaha ?" "bisi we ku maneh mah karasa asin..." "heueuh da bari ngorong.." "ih maneh mah kamana karep wae.." "heueuh da maneh atuda nu ngamimitian.." "lamun kurupuk apal teu ?" "apal atuh, tiap dahar ge sapopoe make kurupuk..." "ari dahar bonteng jeung kurupuk, kungsi acan ?" "enya, kungsi.." "kumaha karasana ?" "nya ngeunah..." "cik, apal teu nu nyieun bonteng..?" "hmmm...apal atuh" "saha ?" "Gusti Alloh..." "heueuh, sinarieun ngajawabna jejeg..." "ih, uing tea ateuh...kieu-kieu ge uing teh kungsi di pasantren aya 2 taun mah.." "euleuh...kutan ? masantren eta teh ?" "lain..milu gawe jeung kang Juned basa nyieun masigit..." "ih, sugan teh milu masantren.." "enya eta ge, bari ngaduk teh bari ngadengekeun mama ajengan mere piwuruk.." "hmmmm...sukur atuh aya saeutik-eutikeun nu asup kana uteuk maneh" "enya.." "Trus..ari nu nyieun kurupuk apal teu ?" "apal atuh, mang Sardi urang Cibingbin" "ning apal ?" "apal da tatangga uing, naha kitu ?" "yeuh...bisi panggih jeung Mang Sardi, bejakeun... kurupuk diwarung uing geus beak.. kiriman deui kituh nya...!" "Ih, ari maneh Jay ! rek nyarita kitu wae teh, jauh-jauh kana bonteng atuh ?" "bae atuh.." "lain, cik atuh nyarita teh tu de poin, ulah kukurilingan heula.." "bae atuh.." "lain...matak lieur uing.." "bae atuh.." "bedul siah..." "bae.." "geus ah !" -dul- tukang teuing Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

