"UNGU ngajakan umroh, euy. Syaratna henpon urang make NSP lagu manehna."
"Moal, ah... Sieun kabawa apes.." tembal Ki Sobat bangun nu teu sumanget.
"Apes? Emang kunaon, nyah? Pedah mineng teuing rusuh dina konserna?" tanya
kuring.
"Lain eta maksudna. Om terang lagu 'Demi Waktu'-na?"
"Heu-euh.. Emang kunaon, nyah? Da ngeunaheun atuh. Mantak rea nu resepeun."
"Bener ngeunaheunna mah. Tapi eusina. Coba lenyepan! Aya ku wanian susumpahan
ka kabogoh make 'Demi Waktu'. Pan nu boga hak sumpah kitu mah ngan Allah SWT
wungkul. Jadi manehna siga nu hayangeun nyaruaan Allah. Cikan naon bedana jeung
Fir'aun? Mantak kuring mah kajeun teuing ngeunaheun teu resep kana lagu eta,
Asa palaur ngadengekeunna oge. Paur kabawa hate. Terang meuereunan siga kumaha
antek-antek Fir'aun ku Gusti Allah diancurkeunna?"
"Mun kitu mah sarua atuh jeung lagu dang dut nu aya syairan 'demi langit dan
bumi'?" kuring nanya.
"Bener, Om... sayah mah rada palaur ngadengekeunna. Mantak sing ati-ati mun
ngadengekeun lalaguan jaman ayeuan. Kira-kira si Om satuju, teu kana pamadegan
kuring?" kituna teh peneuteupna pinuh tumanya kana panon kuring.
"Sigana mah UNGU teh hayang nurutan Raihan, 'Demi Masa', meureunan manehna
teu nyahoeun ngalarapkeunna. Tuluy dipake kana lagu slow pop." kuring mere
komentar.
"Duka ari cukang lantaranna mah. Tapi sigana oge, ceuk sayah mantak loba
konser manehna nu mineng rusuh teh mangrupakeun 'tegoran' ti Gusti Allah.
Mudah-mudahan wae ieu mah tegoran lain 'Azab'. Soalna ceunah kaset jeung CD-na
lagu eta teh laku pisan."
Om TEDDY
Satria Ganteng
Penegak Keadilan
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.