Kieu cenah

1. silat buhun nu "eta" asalna ti cikalong, ngan geus make pariasi meureun.
   aya 2 "aliran" anu leuwih dikenal dina silat
   nyaeta cikalong jeung cimande
   ari cikalong cirina, kuda-kudana panceg jeung teunggeulanna heuras
   lamun cimande, kuda-kudana lincah

2. eta hartina lamun gelut keun bae kateunggeul mah
   ngan urang kudu bisa males jeung leuwih matih


heu heu heu heu wilujeng tepang teh banis nurjamila


Kang Iman
sinyanyahoanan




On 5/1/07, Nurjamila <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamu'alaikum wrwb.

Nepangkeun abdi Banis, kawit ti Bandung, ayeuna damel di Jakarta,
sakantor sareng kang Yayan, nu ngenalkeun ka milist urangsunda ieu.

Bade tumaros sakedik, aya istilah basa sunda nu teu kahartos ku sim
kuring perkawis Silat Buhun, nyaeta:
1. "Sok loba nu nyebutkeun ieu teh silat Cikalong, tapi jurusna geus
rarobah, anu robah saeutik, anu loba, atawa jadi ngalobaan."
2. "Ulah hayang beresih ari jual beli mah, aya nu nawar, aya nu meuli,
keun bae kabeunangan mah, ngan batur kudu leuwih ripuh."

Punten pisan nyuhunkeun terjemahan anu lengkep tina kalimah diluhur.
Sareng filosofina mun tiasa. Hatur nuhun sateuacanna.

Wassalam,
Neng Banis

Kirim email ke