Nuhun pedaranana Kang Porenges & MJ, da abdi mah teu patos uninga ka sajarah 
karuhun Sunda. Terang teh ti majalah Ananda waktos nuju murangkalih keneh resep 
maos dongeng babad karajaan kayaning Mataram, Majapahit, Padjadjaran, 
Sumedanglarang srrd nu dikarang ku Yan Mintaraga, duka tah ayeuna aya keneh teu 
nyaaa?...
Punten Kang Porenges, pami teu lepat mah "baribin" teh hartosna "gandeng" alias 
suara ribut. Emut ka pun eyang sok nyebat kieu,"Teu kenging baribin, aya e'a 
nuju bobo*" atanapi songongnamah,"Tong gandeng, aya orok keur sare*" 
 
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 05/01/07 11:04AM >>>

Lain ukur raja Galuh wae nu nikah jeung nu ngungsi ti Majaphit teh, tapi aya 
oge hiji pangeran nu ngarana Raden Baribin kawin jeung putri Galuh. Nu engkena 
nurunkeun urang Banyumas/Purwokerto (www.banyumas.go.id). Dina basa Sunda, duka 
ngan diwewengkon kuring. Aya kecap "baribin", nu sok dilarapkeun dina kalimah 
saperti, "Sia mah sok ngabaribinan!". Nu hartina "sok ngahesekeun atawa 
nyusahkeun batur". Sigana kecap ieu nyokot ti ngaran pangeran Majapahit eta. 
Heu, meureun! hehe       

siporenges
turunan galuh nu ngaku urang indo

Kirim email ke