Kahatur Bah Djaka (punten nga-Abahkeun)* Tuh, patingpucunghul "balad" Bah Djaka di absen ku Bah Willy, aya Wa Sas, Bah Surtiwa nu yuswana ampir sawawa. Salami abdi ngiringan milis ieu mah bade anom, bade sepuh ge nyararambung, aya paripaos dina basa Indonesia,"Muda bersikap dewasa. Dewasa berjiwa muda" tea. Teu nu anom teu nu sepuh, sing saha wae nu gaduh pangalaman sareng elmu pangaweruh, di milis ieu tiasa silih babagi. Mangga geura titenan* ro2
On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ka urang Sunda, > Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu > marunel ti urang sunda group. Jadina bisa nyaho kana > perkembangan masyarakat urang sunda dina danget ieu. > Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy > dimontor, malah sakali kalieun tangtu milu ngalokan > anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang > kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur. > Kumaha aya rencana milah milah tapi lain hartina > misah misah? > Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah > informasi, sim kuring tos lebet kana " the fading > generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika > "ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas > umur 65 - 70 taunan, naha aya katagori ieu? Wass DP. > Bah DP, sigana mah rada sesah diwilah-wilah ari dina millis mah, sagalana "campur aduk". Tapi Bah DP, didieu aya oge nu yuswana nu parantos langkung ti 60 taun. Sapertos Abah Jou nu di New York, Bah Surtiwa, Bah Dirman ...jrrd. Tah ari nu yuswa 50-60 mah seueur. Kuncen (moderator) no 2, Ua Sasmita kalebet kana katagori ieu, Oge Ua Siddik, Kang AA Misan, Kang Mamat Rachmat ...jrrd. Ngan ari kuring mah rarasaan teh masih asup kana katagori budak ngora, da umur teh kakara ngaleuwihan satengah abad ....hehehehe Baktos, WALUYA

