Kahatur sdrk Roro Rohmah,
Tuh kapan aya waleran malah aya info anu sasama, minimum tadi oge disebatkeun
sanes bade misah misahkeun . Kukituna nuhun kana komentar , toh sim kuring
tiasa nampi kana berita anu ti saha bae, dina kasempetan ieu tangtos hoyong aya
komunikasi ti urang sunda sagemblengna, Kantos pun anak jeung incu ngusulkeun
keur si Aki rek digabungkeun ka group anu sasama di group sanes urang sunda, ke
heula cek si Aki rek nanya heula sugan di urang sunda aya sasama anu masih
keneh resep berkomunikasi komo dina basa indung sorangan, basa sunda.
Wassalam DP
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Bah Djaka (punten nga-Abahkeun)
Tuh, patingpucunghul balad Bah Djaka di absen ku Bah Willy, aya Wa Sas, Bah
Surtiwa nu yuswana ampir sawawa. Salami abdi ngiringan milis ieu mah bade anom,
bade sepuh ge nyararambung, aya paripaos dina basa Indonesia,Muda bersikap
dewasa. Dewasa berjiwa muda tea. Teu nu anom teu nu sepuh, sing saha wae nu
gaduh pangalaman sareng elmu pangaweruh, di milis ieu tiasa silih babagi.
Mangga geura titenan
ro2
On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ka urang Sunda,
> Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu
> marunel ti urang sunda group. Jadina bisa nyaho kana
> perkembangan masyarakat urang sunda dina danget ieu.
> Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy
> dimontor, malah sakali kalieun tangtu milu ngalokan
> anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang
> kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur.
> Kumaha aya rencana milah milah tapi lain hartina
> misah misah?
> Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah
> informasi, sim kuring tos lebet kana " the fading
> generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika
> "ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas
> umur 65 - 70 taunan, naha aya katagori ieu? Wass DP.
>
Bah DP, sigana mah rada sesah diwilah-wilah ari dina millis mah, sagalana
"campur aduk". Tapi Bah DP, didieu aya oge nu yuswana nu parantos langkung
ti 60 taun. Sapertos Abah Jou nu di New York, Bah Surtiwa, Bah Dirman
...jrrd. Tah ari nu yuswa 50-60 mah seueur. Kuncen (moderator) no 2, Ua
Sasmita kalebet kana katagori ieu, Oge Ua Siddik, Kang AA Misan, Kang Mamat
Rachmat ...jrrd.
Ngan ari kuring mah rarasaan teh masih asup kana katagori budak ngora, da
umur teh kakara ngaleuwihan satengah abad ....hehehehe
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.