Ieu mah panarosan nguji abdi, tos kaluar tina konteks judul email.
Nu puguh mah abdi ge jalmi biasa, lain kiyai lain ustadz. Teu acan 
apal kana AL QURAN jeung HADIST mah. Pedah bareto pernah masantren 
di Pasekon Sukabumi, jeung ngiluan kagiatan ramaja Mesjid di RMBU 
Smansa Sukabumi..aya we pangajaran nu nerap kana manah.

Jawaban abdi soal catet mencatet dihandap pan kieu:
"Mun eta logika Kang Jaka kitu, bisa oge jawabanana dibalikkeun ku
logika. Mun enya ge kudu nyatet, bisa wae eta catetana, Nabi 
miwarang ka batur pangnyatetkeun." 
Jadi ieu mah mentahkeun logika ku logika. 
Logika can tangtu bener, bisa diperdebatkeun.

Salam,
DD


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> saunggalna sahabat/anu caket sareng anjeuna sok aya dikisahkeun,
> boh saatos oge sateuacana janten Nabi sareng Rasul, saha nya anu
> dina kisah/hadis/keteranganana anu Dipiwarang nyatetna?...
> abdi teu apal kang...
> kang Dedih mah pan jigana arapal pisan...
> nalika seratan akang :
> "Ayeuna dina akidah, urang ngarujukna pan ka AL-QURAN jeung HADIST 
nu
> shahih. Dina kayakinan urang kana kanabian Nabi, saluyuna kedah
> ngarujuk ka dua sumber eta."
> 
> upami aya kecap kedah/ngedahkeun, kedahna mah (mugi2) tos apal, 
minimal
> apal cangkeum kana sadaya qur'an sareng hadits,
> saena deui apal sagala rupi aspek tina katerangan eta.
> 
> 
> 
> Dedih Durahman wrote:
> 
> > Kang Jaka eta mah asumsi. Dina akidah mah urang ulah nganggo
> > asumsi/logika. Dina ngadamel pressure vessel (bejana tekan) oge
> > jelema make standard international nu diaku, contona make ASME
> > Section VIII jsb.
> > Ayeuna dina akidah, urang ngarujukna pan ka AL-QURAN jeung 
HADIST nu
> > shahih. Dina kayakinan urang kana kanabian Nabi, saluyuna kedah
> > ngarujuk ka dua sumber eta.
> >
> > Mun eta logika Kang Jaka kitu, bisa oge jawabanana dibalikkeun ku
> > logika. Mun enya ge kudu nyatet, bisa wae eta catetana, Nabi
> > miwarang ka batur pangnyatetkeun. Mun jalma siga urang mah, nu 
daya
> > ingetna lemah emang catetan teh perlu pisan. Insya allah Nabi
> > ngagaduhan emutan nu kuat. Moal lieur ku catetan dagang nu teu 
pira.
> > Al Quran nu seueur ayatna oge mantenna langsung apal, teu kudu 
deui
> > ngapalkeun maca catetan Quran nu diserat ku para sahabat.
> >
> > Salam,
> > DD
>

Kirim email ke