Kaleresan conto anu dikirim ku abdi teh sual komputer. Panginten, kauninga ku 
sadaya, saueur bahan sanesna di Intrenet anu diluar sual komputer.

Nanging, bahan-bahan ngeunaan komputer oge sae kanggo diaos. Sae, abdi bade 
nyobian ngadamel samentawis 3-4 jilid kanggo dikintun ka mang Jamal 
ngalangkungan jasa titipan (nyuhunkeun alamatna wae). Bahan-bahan na bade 
dipilah-pilah heula sangkan cocog sareng kamampuan nalar barudak (SD atanapi 
SMP). Mudah-mudahan atuh, ka payun, lembur-lembur singkur di Pasundan teh 
kasaba ku program telecenter (pusat layanan informasi anu dilengkepan ku 
Internet) sapertos di pulo Bali atanapi di kota Malang, Jatim. Pan langkung 
raos kanggo barudak upami aya bahan bacaan komputer disarengan ku wujud 
komputerna.

Wassalam,
Asep
 




mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
hatur nuhun gagasana kang.
  
 samentawis buku-buku kanggo pabukon teh teu acan aya nu ka soal komputer, da 
kanggo di lembur singkur di desa2. buku bacaan barudak, umum, basa sunda, 
pertanian, jrrd. nu (sigana) teu acan kasaba ku komputer. 
   
 tapi mun aya nu kersa mah ngadownload, ngeprint, motokopi,ngajilid, mangga 
kintun ka abdi atanapi tiasa langsung ka alamat pabukon. wayahna 

 
 On 5/3/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Kahatur ka para wargi 
sadayana,

Manawi kaanggo, bade usul kumaha upami aya bahan / elmu pangaweruh populer di 
internet anu lisensina bebas dicitak, dijilid teras disebarkeun ka  pabukon? 
Waragadna henteu ageung, mung print sakali, difotokopi sababaraha kali teras 
dijilid.

Simkuring gaduh conto dokumen sapertos kitu, mangga dibuka dina gembolan anu 
ditangkodkeun dina surelek ieu. Masih seueur dokumen sanesna sapertos kitu anu 
didownload ku simkuring tina Internet teh. Mugia aya manfaatna. 

Wassalam,

Asep


mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:  
  
keur nyicil meseran buku keur pabukon di ciawi tasik lemburna ambu bagja.
karek sakardus. nunggu toko buku gigireun pangulinan buka. cenah cabang ti
palasari, jadi leuwih deukeut, ngan can buka bae, masih dibeberes keneh. 

engke mun tos dua tili kardus dianteurkeun-mun aya mbl nganggur- ka
jatinangor atawa pos ka ciawi
-----

6. Bagja, abah & ambuna, manawi pareng (Jatinangor)

mj

 http://geocities.com/mangjamal

 


  

---------------------------------
 Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out  new cars at Yahoo! Autos.  
 



 







-- 
 geocities.com/mangjamal  
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke