pUNTEN KANG SALMAN !!

Kumaha Damang !
tah ari kana VW mah abdi teh nembe, mung ningali litelatur sareng 
tumaros kanu tos rada lami di VW saur na teu patos hese kang !!

Upami abdi mah kanggo hiburan, obat setress !! tibatan bingung teu 
aya cabakeun (upami nyabak pun bojo mah pan wengi mun budak tos 
sare ! he...he..)  utamina poe pere tah ngoprek kana hobi,
 dielapan , dibongkar teras dipasang deui, upami teu tiasa masang 
kapaksa manggil montirna, tapi urang janten terang ! itung-itung 
tolabul ilmi weh ! sagala nanaon ge upami dibarengan ku resepmah da 
teu karaos ! mung kedah perhetangan ulah katangga ngaganggu aseup 
dapur ! 
saperti Kang Asep nu di Bogor !! anjeunamah resep Kana Land rover !!
Sanes kitu kang asep !!!

Upami Spare Part mah ayeuna ts jaman globalisasi, dimana wae tiasa 
dijugjug pan aya internet, balanja kantun telp teras transfer. 
langkung aman upami aya club na . janten tiasa tukeuran elmu.  
langkung sae upami tina hobi tiasa janten bisnisan !! he..he..



--- In [email protected], salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> w
>
> waalaikumsalam,
>   kang, naha bet resep volkswagen? abdi kaetang resep mobil vw, 
alatan pun bapa tipayun kagungan VW sport (sanes combi, vw camat, 
varian/station wagon, golf). hanjakal teu pati apal geuningan eta 
mobil teh bisa kaitung ku ramo ayana, alias rada langka.
> 
>   ari ngurus mobil kolot hese teu? 
>    
>   salman
> rusli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  >          
> 
>  
> ---------------------------------
> Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
> Try the Yahoo! Mail Beta.
>


Kirim email ke