Ieu mah punten sanes sim kuring bade ngeritik urang sunda sorangan,
tapi sakadar rek ngedalkeun pamikiran pribadi kuring mengenai sifat
jeung watek urang sunda, utamana mah pawatekan urang sunda anu aya
diluhur, anu jadi pajabat, anu boga kakuasaan jeung sajabana.
Kuring geus lila hirup ngumbara teh, pundah-pindah ngalalana. Ayeuna
kuring hirup di Palembang, nagri deungeun.
Anu sok rada heran naha geuning urang sunda mah lamun manehna diuk
dina jabatan luhur teh watekna beda jeung suku anu lian. Urang sunda
mah tara boga niat rek ngajak atawan mere jalan kasasama urang sunda
anu liana.
Contona kieu. Aya hiji pajabat Kapala Dinas, urang sunda di lembur
deungeun. Tapi geuning manehna mah teu ieuh boga kahayang rek
nagabantuan atawa ngajak ka urang sunda lian. 
Coba tempo suku lain. Mun anu diluhurna urang Batak, pasti dihandap
teh reuteum pisan urang batak. Timimiti tukang sapu nepi ka jabatan
luhur, pasti urang batak.
Kitu oge urang Bugis, maranehna mah sok ngahaja ngajak dulur jeung
barayana pikeun ngeusian kasempatan gawe atawa usaha, samemeh ngajak
anu lian.
Tapi ari urang sunda mah beda. Mun bosna urang sunda, anu dihandapna
mah pasti lain urang sunda. Mun aya oge urang sunda didinya, tara
dipalire ieuh.
Memang anu model kitu teh ngarana Nepotisme. Tapi ceuk kuring mah teu
salah lamun anu diajak teh boga potensi, sabab urang mana oge sarua
boga hak, kaasup urang sunda.
Tah kukituna, ka baraya sunda anu boga ajen luhur, jabatan terhormat,
ajak bae dulur-dulur urang sasama urang sunda. Bantu maranehna. Jeung
saha deui silih tulungan teh lamun lain jeung pada dulur urang
sorangan. Ulah rek poho ka dulur baraya. Ulah hanyang senang sorangan.
Mun boga kasempetan pikeun ngabantu dulur, buru-buru lakukeun. Ulah
kakara boga niat waktu geus pansiun atawa geus teu boga huntu deui.
Peupeujeuh.

Kirim email ke