Benerrrrrrr kang lah. satuju Naha hayang naon sih, Bapak Ucep Wahyudin Suradiningrat (anu Suradiningrat mah meunang kuring, lain ngaran asli pa Ucep he..he..he... Pisss ah pa Ucep .....)
Lamun enya mikir ku UTEUK. sakali deui.... Lamun enya mikir ku UTEUK. teu sagawayah jadi jalma nomer hiji di hiji wewengkon teh. Ngan hampura lain mapatahan ngojay ka meri. komo ka Bapak Ucep suradiningrat mah, teu wantun-wantun acan. pependak oge abdi mah bakal nyumput sigana teh, bilih kumaha onam. CALON pejabat tea, pasti loba bodyguard-na. he..he..he.. (ari ngan sasiki mah nguntup keneh, ngan lamun geus sapuluh mah mending lumpat we kuring mah.) Kemmbali ke U - TEUEUK, ngaran-ngaran ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara. tangtu loba itu eta na. Jalma miskin mah, jalan butut mah, desa tertinggal mah, kerusakan lingkungan mah, jeung rea-rea deui. Geus kacontoan Ku SBY-JK, waktu kampanyeu mah duh meni halimpu, "bersama kita bisa". Mana buktina ??? Lamun enya mah, niat kampanyeu dimilis. Sok atuh nyieun proposal 1. Proposal Pembangunan Garut 2. Proposal Pembangunan Cimahi 3. Proposal Pembangunan Bekasi. Lung alung keun ka milis. ke ku urang milis sina dinalisa. Terus nyieun surat kontrak sosial, anu eusina kasanggupan rek ngajalankeun eta eusi proposal. Lamun di waktu engke teu mampu ngawujudkeun naon-naon anu geus ditulis dina proposal, sanggup mengundurkan diri. eta surat kontrak sosial teh di sebarluaskeun ka balarea Sok, wani teu kampanyeu model kitu, Yth. Bapak Ucep Wahyudin ? (Suradiningrat) On 5/7/07, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
lain euy asa ku lucu.. mun seug aya calon pejabat publik anu eleh didieu, pindah kaditu...eleh, pindah deui kakulon...eleh deui, pindah kakaler eleh deui. pastina jalma eta beunghar pisan.. patarosanna : naon anu diteangan?

