Perkawis jaket, anu biasa disablon mah jaket switer, jaket nu aya kuplukan.

Mun enya eta, abdi ge tiasa, harga tiasalah 70an ( tanpa sleting), malah daerah 
jabar mah kalebet ongkos kirim. Warna hideung, krem, jeung abu2. Gambarna mah 
teu langkung, nya langkung sae gambar nu tos aya (sapertos nu ditangkodkeun 
dina subjek "Bilih Bade!). Paling2 diimplik implikan ku tulisan " ASA WAWUH 
EUY!" dipengkerna, meh ari keur numpak motor ngadadak aya nu nyiap. Pas 
ditingali nu nyiapna sarua make jaket anu sawarna jeung aya tulisan " MUN WAWUH 
UDAG DEWEK!"

Mun bade pesen, paling sakedik 6 siki meh teu renced nyablona. Piss!

SR

  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, May 04, 2007 4:58 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Usulan keur KUSNET



  tah lahan bisnis. saha nu bade nyantok  peluang eta atawa nu kersa 
ngalajujinglakuna. (ti follow up)
  mangga.

  soal barudak SD eta, dua tilu poe ieu aya iklan Gudang Garam di Kompas, 
gambarna barudak keur meuntas bari ngojay. sugan we jembatan penyeberangan teh 
diwangun ku GG. da ngaharepkeun pamarentah mah duka teuing. nyieun sasak 
gantung panjang tina beusi, sigana saratus jutaan mah kudu. 

   
  On 5/4/07, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
    dear,

    ka pengurus Urang-Sunda ( KUSNET ) simkuring salaku salah sahiji anggota
    dina iyeu komunitas nu kaparengan anggota pengendara bermotor di jakarta nu
    ngaler ngidul siang wengi, kadang nepi ka subuh,,.. udar ider teh... sok 
    ningali sababaraha komunitas teh nganggo Jacket .. sigana mah alus geura mun
    Urang Sunda gaduh hiji ciri liwat jacket nu tiasa di anggo unggal poe...
    alus na deui mah mun jacket eta teh make gambar ciri urang sunda.. naon eta 
    teh.. tiasa Kujang, Cepot atawa Maung bandung ( gambar di tangkod ) tah mun
    aya kebeneran bisa mah di ayakeun eta jacket teh masalah harga mah mun bisa
    teh dibawah 70 rebu kitu... :) kumaha baraya..??

    hiji deui.. kamari basa ningali teve aya berita tentang garut teh... nu 
mana 
    aya barudak SD nu sarakolah nikreuh ngalangkungan sungai teu di sapatu ...
    sa inget simkuring mun teu hilap mah tos di ulas di iyeu babakan nya?.. ai
    urang salaku pituin sunda kumaha ningali nu kitu, tos aya pergerakan keur 
    ngabantu..?? atawa kumaha..?? karunya ... ningali eta acara teh nepi
    kakituna pamarentah urang... khususna JABAR... ulah hayang ka pajak na
    hungkul atuh kehed..!!! ulah dilebokan wae eta duit rahayat teh..
    Kampret!!!! sing inget silaing... aya kahirupan sa anggeus iyeu nu minta 
    tanggung jawab kahirupan ayeuna...

    salam keheul

    aldo desatura

    "..seorang muslim adalah cermin bagi muslim lainnya, untuk itu hindarilah
    saling mengolok-olok diantaranya .."






  -- 
  geocities.com/mangjamal 

   

Kirim email ke