atanapi garis lintang = garis iklim
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Manawi teu kaabotan, bade ngadugikeun pamendak ngeunana tarjamahan garis bujur
sareng garis lintang.
Koordinat geografi garis bujur (longitude) kawitna muncul akibat
kabutuhan para kolonialis (hususna Inggris) kanggo nangtoskeun beda waktu
antawis nagarana (Inggris) sareng daerah kolonina (upamina wae India).
Garis bujur 0 darajat dikawitan ti kota Greenwich, Inggris. Kumargi
maksad didamelna istilah garis bajur the kanggo nagtoskeun waktos, kumaha
upami diterjemahkeun wae kana basa Sunda sabage garis waktu atanapi garis
kala.
Koordinat geografi garis lintang pakait sareng musim. Upami kota Sampit
aya dina garis 0 darajat, pasti gaduh sifat musim anu sami sareng tempat
sanesna anu kalangkungan ku garis 0 darajat, nyaeta sami-sami tropis. Pon
kitu deui sababaraha tempat di Finlandia gaduh sifat musim anu sami sareng
Kanada pali kaler kumargi kalangkungan ku garis lintang anu sami. Ku
kituna, kumaha upami garis lintang ditarjamahkeun kana basa Sunda sabage
garis musim.
Salamna,
Asep
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sababaraha waktos kapengker sim kuring nyobian nyerat artikel perkawis Satelit
Telkom dina basa Sunda, palebah narjamahkeun istilah Bujur Timur (posisi
satelit) kana basa Sunda weleh teu mendak kedah naon, teras we ngintun SMS ka
budayawan Sunda naroskeun sugan we aya istilah anu sae dina basa Sunda, na
jawabanana teh lah tetep we kitu asal ulah ditarjamahkeun janten "bujur randa"
we saurna teh. Heu heu...!!
Dugi ka ayeuna eta artikel teu beres-beres, magol keneh da kahalangan
ku........bujur.....randa........"
MSasmita
----- Original Message -----
From: Djakaria Purawidjaja
To: [email protected]
Sent: Sunday, May 06, 2007 11:26 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama
Kahatur saderek MSasmita,
Tah geuning nyanggut useup teh. Nya tangtos yuswa ayi oge tiasa kalebet
sasama, mung kanggo info wae, danget ieu sim kuring tos nincak umur 68 taun,
kalahiran 31 Maret 1939, domisili eh padumukan di Jakarta tapi sering oge ka
Bandung, margi pun bojo urang Bandung , abdi urang Taskmalaya. Perkawis anu
disebatkeun" Sunda sareng teknologi " oge nyambung, margi sim kuring kantos
icikibung dina teknologi, khususna teknologi Komunikasi elektronika. Namung
ari karesep mah teu kauger ku teknologi wungkul aya oge anu sanesna,
antawisna basa, budaya, kalebet sajarah , atuh kana maos mah kareseo oge.
Saheulaanan sakieu heula,
Baktosna DP.
.
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.