nambihan sakedik, sateuacan diforward, aya saena eusina di-cek heula ka mamang gugel.... ulah gampil percanten kana berita anu "nyingsieunan" atanapi "menjanjikan", padahal mah eusina wararadul wungkul..
wassalam, iwan ndoell wrote: > Ningali tina imelna Neng Gia.. > jigana postingan ti milis sejen tuluy langsung ditangkodkeun > bae (diattachment. Kedahna mah diedit heula, piceunan > heula runtahna ... nya ? da bageur... > > carana : > 1. Klik Forward > 2. Pilih as inline text (tong milih as attachment) > 3. Edit > 4. Kintun > > Kitu.. > > Trus..ieu mah pepeling we keur sadayana.. > > Apan geuning sok mindeng kenging imel nu kenging diforward > ti batur, trus eta alamat imel batur teh meni ngambai, ngelai, > nepi ka ngacai. > Komo deui, sakapeung sok aya nu ngirim attachment mangrupa > gambar. Cik atuh, ari sakirana teu aya pakuat-pakait sareng > Kukusnetan mah tong dikirimkeun. > > Nu matak nu kararitu mah ku sim kuring langsung we ditajong > tara diabuskeun kana milis. punten we. > Jadi wayahna sing ngartos we sorangan, da tos arageung. > > Salian ngangganggu, oge karunya ka anu akses internetna > ngeteyep, bisi beurateun muka imel nu ditangkodan ku anu teu > aya mangpaat sareng bipaatna. > > okeh ? > > -dul- > kuncen #8 > >

