Heup !!
Kitu ceuk kuring....

Sigana mah ngajejeleh Pa Ucep geus kuduna dieureunan
padahal lamun dipikir
can karuhan Pa Ucep korupsi (mun nu boga bukti tong ngomong wungkul)
tong suudzon
Pan Pa Ucep teh urang sunda keneh sanes ?!
Pan cenah urang sunda teh ulah andeprok di hawu wae sanes?!
Keun aya anu hayang jadi pamingpin, mun bener heug dukung
mun salah turunkeun
padahal loba keneh anu teu wani jadi eRTe-eRTe acan
peot hulu cenah mah............

lamun seug kuring lahir di bandung hayang jadi walikota bandung meunang teu
?!
terus kulantaran ayeuna cicing di bekasi hayang jadi bupati na meunang teu
?!
tapi lantaran digawe di jakarta, jadi hayang jadi gupernur jakarta meunang
teu ?!
komo deui pamajikan urang kota waringin, ah rek jadi bupati kota waringin
meunang teu ?!

ceuk kuring mah keun bae lah promosi di milis ieu
soal teu pas, eta mah urusan kuncen (kitu pan kun ?!)
soal duit na loba, lain urusan .... boa loba warisan

Ngan ceuk kuring mah HEUP !!!!
Enya cenah demokrasi, bebas ngomong naon wae
tapi sigana lain ngajejeleh nya ?!

Ngan nu pasti HEUP !!

Kang Iman
lain anak lain dulur lain deungeun deungeun acan
malah mah lain eRTe eRTe acan

Kirim email ke