Hidup Kusnet
Punten abdi nuju nyirekem heula, arang langka nganjang ka milist.
baktosna.
manAR
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr. Wb ..
> 
> Para sepuh & wargi sadayana
> Bade ngiring ngadongeng sakedap, kenging nya ...
> 
> Teu aya nu istimewa, ieu mah ukur dongeng ABG - anak baru gede tea 
hehe.. 
> anu munggaran gaduh pangalaman tugas di kalimantan
> 
> Ping 8-9 Mei 2007 kamari, abdi kaleresan aya tugas ti kantor kanggo 
sidang di daerah Samarinda.
> dag dig dug asa melang, asa sieun.. da bubuhan ieu teh perjalanan 
munggaran abdi ka tanah kalimantan, jaba teu aya wargi atanapi 
kenalan, iwal ti hiji rerencangan namung eta oge kaetang tebih, 
bumina 1 jam-an naek ferry ti balikpapan..
> 
> Alhamdulillah, enjing2 sateuacanna ka Sukarno Hatta teh, Kang Oman 
ujug2 noel (chatting), naroskeun kabar. Nya sakantenan we 
dicarioskeun yen abdi bade miang ka samarinda, nyuhunkeun pidu'ana ti 
kang Oman. Ari pek teh saurna Kang Oman gaduh wargi & rerencangan di 
Balikpapan & Samarinda. Aduhhh.. meni asa bungah teu aya papadana...
> Singketna, Kang Oman maparin nomer telepon saha-saha anu tiasa 
dikontak nyaeta Kang Ajat di Balikpapan, Kang Dudi & Pak Obar di 
Samarinda. Atuh anu tadina rada wegah ka Kalimantan teh janten gede 
hate..
> 
> Dugi di Balikpapan, Kang Ajat atos mapagkeun di Bandara Sepinggan, 
meni asa pendak sareng keluarga sorangan, bageur pisan mung hanjakal 
teu tiasa lami da kedah neraskeun perjalanan deui ka Samarinda. Teu 
hilap Kang Ajat maparin 'tips & trik' selama perjalanan kumargi abdi 
sosoranganan di tempat anyar.  Tips & trikna teh intina mah tong 
nyirikeun yen urang teh anyaran nganjang ka daerah nu bade dituju & 
mun aya nanaon siap kontak sareng Kang Ajat ... siiip!! saur abdi teh 
(bari deg degan hehe). Bismillah, mobil menuju Samarinda kirang 
langkung 2.30 jam perjalanan.
> 
> Di Samarinda, Alhamdulillah akhirna kontak & kenging pangangken ti 
Pak H. Obar. Malihan anjeunna oge anu ngajajap ka pengadilan 
Samarinda dugikeun ka milarian oleh2 khas samarinda. Pak Obar teh 
rupina salah sahiji US anu janten pengusaha sukses di Samarinda & 
kaleresan saurna anjeunna teh nyepeng pancen selaku Ketua Kerukunan 
warga Jawa Barat di Samarinda. 
> 
> Dinten ieu, abdi tos di Jakarta deui.. 
> Waas kamari mah ngabayangkeun di kalimantan teh pasti bakal culang 
cileung teu aya batur...
> Ari pek teh papendak sareng baraya anyar 
> Aya rasa reueus yen US teh memang gaduh rasa kekeluargaan anu kuat 
tur someah masing ka batur salembur nu nembe munggaran papendak oge. 
> 
> Abdi ngahaturkeun mangrewu nuhun ka Kang Oman, oge ka milis 
US/Kusnet anu janten cukang lantaran abdi kenal sareng ka Kang Oman 
oge wargi salembur sanesna. Pokona mah abdi reueus jadi Urang Sunda & 
hidup Kusnet !! hehehe ...
> 
> Wassalam,
> ~ina
>


Kirim email ke