Hmmmmm..... baru tau ya ? Sihoreng teh ternyata.. heu heu
Nuhun atuh pami salamet mah ... -dul- --- In [email protected], "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum Wr. Wb .. > > Para sepuh & wargi sadayana > Bade ngiring ngadongeng sakedap, kenging nya ... > > Teu aya nu istimewa, ieu mah ukur dongeng ABG - anak baru gede tea hehe.. > anu munggaran gaduh pangalaman tugas di kalimantan > > Ping 8-9 Mei 2007 kamari, abdi kaleresan aya tugas ti kantor kanggo sidang di daerah Samarinda. > dag dig dug asa melang, asa sieun.. da bubuhan ieu teh perjalanan munggaran abdi ka tanah kalimantan, jaba teu aya wargi atanapi kenalan, iwal ti hiji rerencangan namung eta oge kaetang tebih, bumina 1 jam-an naek ferry ti balikpapan.. > > Alhamdulillah, enjing2 sateuacanna ka Sukarno Hatta teh, Kang Oman ujug2 noel (chatting), naroskeun kabar. Nya sakantenan we dicarioskeun yen abdi bade miang ka samarinda, nyuhunkeun pidu'ana ti kang Oman. Ari pek teh saurna Kang Oman gaduh wargi & rerencangan di Balikpapan & Samarinda. Aduhhh.. meni asa bungah teu aya papadana... > Singketna, Kang Oman maparin nomer telepon saha-saha anu tiasa dikontak nyaeta Kang Ajat di Balikpapan, Kang Dudi & Pak Obar di Samarinda. Atuh anu tadina rada wegah ka Kalimantan teh janten gede hate.. > > Dugi di Balikpapan, Kang Ajat atos mapagkeun di Bandara Sepinggan, meni asa pendak sareng keluarga sorangan, bageur pisan mung hanjakal teu tiasa lami da kedah neraskeun perjalanan deui ka Samarinda. Teu hilap Kang Ajat maparin 'tips & trik' selama perjalanan kumargi abdi sosoranganan di tempat anyar. Tips & trikna teh intina mah tong nyirikeun yen urang teh anyaran nganjang ka daerah nu bade dituju & mun aya nanaon siap kontak sareng Kang Ajat ... siiip!! saur abdi teh (bari deg degan hehe). Bismillah, mobil menuju Samarinda kirang langkung 2.30 jam perjalanan. > > Di Samarinda, Alhamdulillah akhirna kontak & kenging pangangken ti Pak H. Obar. Malihan anjeunna oge anu ngajajap ka pengadilan Samarinda dugikeun ka milarian oleh2 khas samarinda. Pak Obar teh rupina salah sahiji US anu janten pengusaha sukses di Samarinda & kaleresan saurna anjeunna teh nyepeng pancen selaku Ketua Kerukunan warga Jawa Barat di Samarinda. > > Dinten ieu, abdi tos di Jakarta deui.. > Waas kamari mah ngabayangkeun di kalimantan teh pasti bakal culang cileung teu aya batur... > Ari pek teh papendak sareng baraya anyar > Aya rasa reueus yen US teh memang gaduh rasa kekeluargaan anu kuat tur someah masing ka batur salembur nu nembe munggaran papendak oge. > > Abdi ngahaturkeun mangrewu nuhun ka Kang Oman, oge ka milis US/Kusnet anu janten cukang lantaran abdi kenal sareng ka Kang Oman oge wargi salembur sanesna. Pokona mah abdi reueus jadi Urang Sunda & hidup Kusnet !! hehehe ... > > Wassalam, > ~ina >

