Ihhh..teu sawios-wios kumaha kersana we ari sesebatan mah..
Saleresna : Tembang Cianjuran ku urang Cianjur sok disebat Mamaos Cianjuran,
dina basa Sunda aya Tembang sareng Kawih.
Biasana Tembang dianggo kanggo lagu-lagu buhun...
upami Kawih dianggo kana lagu-lagu Sunda modern...
Perkawis Dalem Pancaniti (waktos burey namina aom Hasan) saparantos janten
bupati Cianjur anu kasalapan ( 1834~1862) gelar Aria Adipati Kusumahningrat,
gaduh kabiasaan, upami nuju ngadangding (ngadamel lagu) sok nyepi di Pancaniti
gedung kabupaten, nembe lugay ti Pancaniti saparantos laguna rengse
didangding.
(tiasa ditoong di : http://cikundul3.multiply.com "Sajarah Mamaos Cianjuran).
Kumargi sering nyepi di Pancaniti, nya katelah Dalem Pancaniti.
Kecap Pancaniti, upami teu lepat, rohangan di kabupaten (karaton) kanggo
gempungan/
musyawarah para pangagung.
Namung jaman sateuacana, Pancaniti teh hiji rohangan di karaton nganggo
mutuskeun
hiji perkara, jaman kiwari sami sareng pangadilan.
Sakitu, manawi katampi.
Pihatur,
ssw
Asep Hadiyana [EMAIL PROTECTED]
Aeh punten hilap, naha beut nyebat uwa nya, padahal biasana nyebat
teh apih. Kaemutan wae tadi sajajalan ti kantor ka rorompok teh. Naha tiasa
hilap.
Kumargi apih Sidik urang Cianjur, pribados bade tumaros ngeunaan tembang
Sunda Cianjuran. Hoyong terang, naon bentenna Cianjuran sareng mamaos? Teras
Dalem Pancaniti, anu nyiptekeun Cianjuran, saurna gaduh gedong anu disebat
pancaniti. Naon maksadna pancaniti teh? Hatur nuhun sateuacanna kanggo infona.
Baktos
Asep
(sebat wae Asep atanapi kang Asep)
Recent Activity
17
New Members
4
New Photos
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Yahoo! Mail
Get on board
You're invited to try
the all-new Mail Beta.
Y! Messenger
Talk it up - free!
Call your friends
worldwide - free!
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda