Tah...ari dikieukeun mah, loba deui referensi kuring.
Ke lah urang ajakan debat deui eta jalma teh.
Hatur nuhun ka sadayana....

baktos
tantan

On 5/10/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Ihhh..teu sawios-wios kumaha kersana we ari sesebatan mah..
Saleresna : Tembang Cianjuran ku urang Cianjur sok disebat Mamaos
Cianjuran,
dina basa Sunda aya Tembang sareng Kawih.
Biasana Tembang dianggo kanggo lagu-lagu buhun...
upami Kawih dianggo kana lagu-lagu Sunda modern...
Perkawis Dalem Pancaniti (waktos burey namina aom Hasan) saparantos janten

bupati Cianjur anu kasalapan ( 1834~1862) gelar Aria Adipati
Kusumahningrat,
gaduh kabiasaan, upami nuju ngadangding (ngadamel lagu) sok nyepi di
Pancaniti
gedung kabupaten, nembe lugay ti Pancaniti saparantos laguna rengse
didangding.
(tiasa ditoong di : http://cikundul3.multiply.com "Sajarah Mamaos
Cianjuran).
Kumargi sering nyepi di Pancaniti, nya katelah Dalem Pancaniti.
Kecap Pancaniti, upami teu lepat, rohangan di kabupaten (karaton) kanggo
gempungan/
musyawarah para pangagung.
Namung jaman sateuacana, Pancaniti teh hiji rohangan di karaton nganggo
mutuskeun
hiji perkara, jaman kiwari sami sareng pangadilan.
Sakitu, manawi katampi.

Pihatur,
ssw



*Asep Hadiyana [EMAIL PROTECTED]

 Aeh punten hilap, naha beut nyebat uwa nya, padahal biasana nyebat teh
apih. Kaemutan wae tadi sajajalan ti kantor ka rorompok teh. Naha tiasa
hilap.
 Kumargi apih Sidik urang Cianjur, pribados bade tumaros ngeunaan tembang
Sunda Cianjuran. Hoyong terang, naon bentenna Cianjuran sareng mamaos? Teras
Dalem Pancaniti, anu nyiptekeun Cianjuran, saurna gaduh gedong anu disebat
pancaniti. Naon maksadna pancaniti teh? Hatur nuhun sateuacanna kanggo
infona.
 Baktos
Asep
(sebat wae Asep atanapi kang Asep)
.




http://cikundul3.multiply.com
*Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
*Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke